Baktos Kang Budhi, Leres Kang, pangraos abdi urang teh pakait sareng kayakinan urang ngeunaan hubungan antara kabebasan manusa jeung takdir. ULMKN, urang Sunni mah kan kayakinnana kakawasaan Pangeran ngalingkupan sagala kajadian di bumi, benten sareng urang muta'zilah nu nganggap Pangeran mah teu payus ngurus2 kajadian2 leutik makhlukna.
Perkawis ieu teh fundamental pisan sareng pakuat-kait sareng sifat wajib Pangeran nu rumit pisan kanggo dipadungdengkeun. Mung sakedik gambaran, upami teu lepat di kitab urang aya ayat nu netelakeun yen sagalarupa nu hade datangna ti Gusti, nu goreng mah estuning kalakuan urang sorangan (surat/ayatna teu apal, ULMKN). Tangtosna ayat ieu kedah diulik langkung jero naon maksadna. Baktos y --- In [email protected], <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > sababaraha minggu kaliwat, dina tivi didieu rame masalah kacilakaan kareta di Kobe, tina hasil panalungtikan sarta kaputusan nu geus dipigawe sarta saha wae nu kudu tanggung jawab kana eta kajadian, nepi ka pihak sejen anu teu pakait jeung eta kajadian. > > nu katempona rada kacida teh, tindakan ka jalma-jalma nu nembongkeun "sense of crisis" kana eta kacilakaan. diantara para pagawe kareta api (JR) nu masih keneh bisa pesta sanggeus eta kajadian, ayeuna nungguan kapastian sanksi nepi ka kamungkinan dipecatna. > > di sagedengeun eta, pananglutikan teknis nepi ka kiwari masih keneh, kaasup uji coba kareta tanpa masinis (jadi inget kareta nu maju sorangan ti bogor ka jakarta kota), sigana kahareupna mah kareta di jepang teu make masinis deui. ayeuna unggal masinis, memeh tugas ditaliti heula kaayaan psikologisna. > > aya hiji hal nu narik pikeun kuring, salila proses eta teu saurang- urang acan nyebut ngaran Gusti Nu Maha Suci, meureun pedah masyarakat Jepang teh kawentar ku atheis-na tea. tapi maksud kuring lain kadinya. > > di Indonesia, unggal aya kacilakaan, Gusti Nu Maha Suci langsung disebut. yen kacilakaan teh musibah, kahayang Gusti Nu Maha Suci. dina tungtungna, pasualan eureun nepi kadinya. euweuh panalungtikan nu bener-bener, pon kitu deui tindakan ka pihak nu dianggap tanggung jawab. > > sabab naon ? sabab kabehanna oge takdir ti Gusti Nu Maha Suci, lamun Gusti Nu Maha Suci boga kahayang, saha nu wani mungpang ? > > kacida gampangna urang nyalahkeun Gusti Nu Maha Suci, dina kaayaan ieu, asana leuwih hade Gusti teh euweuh, ngarah urang bisa diajar tina eta kasalahan sarta teu migawe kasalahan nu sarua. > > wilujeng enjing baraya ... > > baktos, > budhi > oritate permai ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

