Wah...kang Miih janten tenar ! Tapi pikeun abdi mah keun we anu kitu mah ulah dianggap serieus teuing da kalah ka heneg kana hate atuh, ningali emailna wae oge abdi mah tara pirajeunan maca ( hapunten kang Rafly ).
Saur abdi mah cik atuh ulah sering teuing ngangken kasep da pami enyaan kasep mah batur oge bakal ngaku yen kang Rafly teh enyaan kasep. Nu penting mah pangakuan ti nu lian, da ari kasep mah ngajirim atuh, batur oge bisa ngabedakeun mana kasep jeung mana goreng patut. Kang Rafly bakal di sebut kasep ku abdi pami kang Rafly gaduh kemampuan ( sundana ? ) kangge masihan lebih ka sekitar urang, sanes tina harta wungkul, tiasa oge tina harti. Sok kaluarkeun spesialisasi kang Rafly teh, tunjukkeun yen kang Rafly teh sanes ukur kasep fisik wungkul. Da kasep pisik mah ngan 1 % daya tarikna oge. Hapunten kang Rafly, abdi mah sanes mamatahan, mung biasana jalmi teh bakal di kenang ( sundana ? ) ku balarea lain peudah kasep atawa geulisna. Cag, Titi -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of Didi Sent: Thursday, June 02, 2005 11:16 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Pooling : Miih-isme Yeuh Regepkeun ku hidep Miih, Jadi jalma teh tong PD teuing, tong reueus teuing ka diri sorangan (Bangga pada diri sendiri), memenga meunang reueus kadiri sorangan tapi tong kaleuleuwihi. Mun geus kaleuleuwihi eta sok deukeut-deukeut kana sombong, tah mun geus sombong sok jadi ujub riya jeung takabur. rasa maneh kasep sorangan, rasa maneh turunan darah biru, tong kitu kasep bageur, kabeh oge sarua mahluk Allah SWT. sok geura lamun Allah geus bendu, dibere bisul wae na raray leungit tah kasepna, eta karek bisul kumaha lamun borok sararay? Iiiiiyyy............ Sakali deui kacep Miih khususna, umumna kum waelah kasakabehna Tong sok boga rasa sombong, ujub, riya jeung takabur. Tansah Ustad Leboy Tea ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Ever feel sad or cry for no reason at all? Depression. Narrated by Kate Hudson. http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

