Mung kedah emut; tangtara amrik anu perang di irak, sadayana nyanyandak PDA/Komputer, tahan banting jeung tahan cai. Tilupuluh atanapi limapuluh taun kapayun, tiasa janten barudak sakola mung nyandak PDA, eta oge sakolana di bumina sewang-sewangan. Tiasa janten engke bari cingogo di jamban mukaan internet. Duka tah pikumahaeun deui engke jaga; ari bangsa urang tiasa teu lepas statusna tina bangsa kuli jadi bangsa "intelek". Kitu oge buku, mung kantun jadi emutan/sejarah; margi 1 buku teh nyandakna salah sawios tina tangkal kai anu dibabat ti hutan-2; saleresnamah kontradiksi sareng ekologi. :) MZ
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Sok sanajan ieu jejer "unggulna patlot ibaningkeun > komputer" katempona > sederhana atawa ngaharib kana heureuy atawa > unak-anik (serba-serbi), tapi > keur kuring mah kacida pentingna. Anu jadi sabab, > ari patlot teh apan tara > pisah jeung papasanganna (anu dina kaitan di dieu > mah) nyatana nya buku tea. > Khususna deui, buku salaku media informasi. > Kukituna, jejer ieu teh sarua bae jeung jejer > "kautamaan buku dibandingkeun > jeung komputer" salaku media informasi. Lebah dieu > mah heunteu jadi masalah, > naha buku eta dijieunna make komputer atawa heunteu > (sigana alam ayeuna mah > sakabeh buku, pon kitu deui media citak anu sejenna, > salaku sumber > informasi, tangtu ngagunakeun komputer waktu > nyieunna teh). > Pasoalanna upama diringkeskeun bisa diringkelkeun > sarupa kieu:" Naha ari > dina alam kiwari jeung sababaraha taun ka hareup > ajen buku masih keneh > penting?". "Naha ari buku (boh buku anu klasik atawa > anu dijieunna make > komputer) salaku media informasi ka hareup baris > kaelehkeun ku komputer > (kaasup jeung papasanganna nyaeta internet)?". Nilik > kana kautamaan "patlot" > (anu geus itransformasikeun jadi "kautamaan buku..." > salaku media informasi) > si kuring wani ngajawab yen buku (atawa media > informasi naon bae anu kaasup > media citak) tetep mibanda kautamaan, > sakurang-kurangna pikeun sababaraha > taun ka hareup. Oge tetep aya kautamaan buku anu anu > moal bisa kaelehkeun ku > komputer. Nya diantarana sakumaha anu geus icirian > ku eusi jejer "unggulna > patlot...jst". > Sanajan kitu, hal ieu lain hartina si kuring > nyapelekeun komputer (jeung > internet). Ngan saukur nyirian yen nepi ka iraha bae > oge buku salaku media > informasi tetep penting, "comportable", jeung > praktis. Hehehe...jadi inget > jejer Kang Hasan ti heula, "Buku" tea. Kumaha tah > terasna Kang Hasan? > Baktosna, > manAR > > On 6/2/05, Agus Haedar Usman > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Dimana-mana ge patlot mah langkung unggul tibatan > komputer, > > sok nya urang tataan hiji-hiji, aya 13 kaunggulan > patlot dibandingkeun > > komputer : > > 1. patlot mah tiasa diselipkeun dina cepil. > Komputer oge tiasa...tapi > > cepilna saha nya? > > 2. Patlot upami teu seukeut tiasa diraut. Upami > komputer teu seukeut, > > dikumahakeun tah? > > 3. patlot pangaosna mirah pisan, ari komputer? he > he he he > > 4. patlot tiasa nyerat diluhureun cai. Komputer? > hi hi hi hi > > 5. Listrik pareum, patlot tiasa keneh diangge > nyerat. Upami komputer, > > listrik pareum teh tiasa dicandak ku maling > > 6. patlot tiasa diangge babaledogan. Komputer oge > tiasa sih, tapi saha anu > > kersa ngaraosan dialungan komputer? > > 7. Patlot tiasa diangge ngorek pngambung. Komputer > sigana mah tiasa oge, > > tapi pangambungna saha tah? > > 8. Patlot teu tiasa kena ku virus WORM, > Michelangelo. Komputer? eta mah > > gudangna virus! > > 9. Patlot murag, moal tarik disadana, moal > ngaganggu nu nuju ebog. > > Muragkeun komputer, teras dulur2 US ebog...tiasa > teu? > > 10. Patlot tiasa disimpen dihandapeun bantal. > Komputer oge tiasa, tapi > > bantalna teu tiasa diangge ebog. > > 11. patlot teu didamelkeun program ge masih keneh > tiasa ngangge nulis > > sarenng ngagambar. Komputer? wah..... > > 12. Patlot baseuh tiasa digaringkeun. Komputer > baseuh? nyetrum atuh lur... > > 13. Eta teh saur jalmi anu nembe tiasa meser > patlot...heu heu heu > > cag ah > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > > > > > ------------------------------ > > *Yahoo! Groups Links* > > > > - To visit your group on the web, go to: > > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > - To unsubscribe from this group, send an email > to: > > > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of > > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

