Hatur nuhun tambihanana ua, etang-etang lenyepaneun ka sadaya baraya
 
Baktosna
Agus Haedar Usman
----- Original Message -----
Sent: Thursday, June 02, 2005 4:52 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: unggulna patlot dibandingkeun komputer

Baraya,
 
Sok sanajan ieu jejer "unggulna patlot ibaningkeun komputer" katempona sederhana atawa ngaharib kana heureuy atawa unak-anik (serba-serbi), tapi keur kuring mah kacida pentingna. Anu jadi sabab, ari patlot teh apan tara pisah jeung papasanganna (anu dina kaitan di dieu mah) nyatana nya buku tea. Khususna deui, buku salaku media informasi.
 
Kukituna, jejer ieu teh sarua bae jeung jejer "kautamaan buku dibandingkeun jeung komputer" salaku media informasi. Lebah dieu mah heunteu jadi masalah, naha buku eta dijieunna make komputer atawa heunteu (sigana alam ayeuna mah sakabeh buku, pon kitu deui media citak anu sejenna, salaku sumber informasi, tangtu ngagunakeun komputer waktu nyieunna teh).
 
Pasoalanna upama diringkeskeun bisa diringkelkeun sarupa kieu:" Naha ari dina alam kiwari jeung sababaraha taun ka hareup ajen buku masih keneh penting?". "Naha ari buku (boh buku anu klasik atawa anu dijieunna make komputer) salaku media informasi ka hareup baris kaelehkeun ku komputer (kaasup jeung papasanganna nyaeta internet)?". Nilik kana kautamaan "patlot" (anu geus itransformasikeun jadi "kautamaan buku..." salaku media informasi) si kuring wani ngajawab yen buku (atawa media informasi naon bae anu kaasup media citak) tetep mibanda kautamaan, sakurang-kurangna pikeun sababaraha taun ka hareup. Oge tetep aya kautamaan buku anu anu moal bisa kaelehkeun ku komputer. Nya diantarana sakumaha anu geus icirian ku eusi jejer "unggulna patlot...jst".
 
Sanajan kitu, hal ieu lain hartina si kuring nyapelekeun komputer (jeung internet). Ngan saukur nyirian yen nepi ka iraha bae oge buku salaku media informasi tetep penting, "comportable", jeung praktis. Hehehe...jadi inget jejer Kang Hasan ti heula, "Buku" tea. Kumaha tah terasna Kang Hasan?
 
Baktosna,
manAR

 
On 6/2/05, Agus Haedar Usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Dimana-mana ge patlot mah langkung unggul tibatan komputer,
 
sok nya urang tataan hiji-hiji, aya 13 kaunggulan patlot dibandingkeun komputer :
 
1. patlot mah tiasa diselipkeun dina cepil. Komputer oge tiasa...tapi cepilna saha nya?
2. Patlot upami teu seukeut tiasa diraut. Upami komputer teu seukeut, dikumahakeun tah?
3. patlot pangaosna mirah pisan, ari komputer? he he he he
4. patlot tiasa nyerat diluhureun cai. Komputer? hi hi hi hi
5. Listrik pareum, patlot tiasa keneh diangge nyerat. Upami komputer, listrik pareum teh tiasa dicandak ku maling
6. patlot tiasa diangge babaledogan. Komputer oge tiasa sih, tapi saha anu kersa ngaraosan dialungan komputer?
7. Patlot tiasa diangge ngorek pngambung. Komputer sigana mah tiasa oge, tapi pangambungna saha tah?
8. Patlot teu tiasa kena ku virus WORM, Michelangelo. Komputer? eta mah gudangna virus!
9. Patlot murag, moal tarik disadana, moal ngaganggu nu nuju ebog. Muragkeun komputer, teras dulur2 US ebog...tiasa teu?
10. Patlot tiasa disimpen dihandapeun bantal. Komputer oge tiasa, tapi bantalna teu tiasa diangge ebog.
11. patlot teu didamelkeun program ge masih keneh tiasa ngangge nulis sarenng ngagambar. Komputer? wah.....
12. Patlot baseuh tiasa digaringkeun. Komputer baseuh? nyetrum atuh lur...
13. Eta teh saur jalmi anu nembe tiasa meser patlot...heu heu heu
 
cag ah


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke