wilujeung wa sas.....kumaha damang?
 
euleuh abdi mah sok kabita pami aya riuangan kitu teh mani asa gumecrot pami abdi tiasa libur mah tos ngagidig we panginteun..
 
tapi wilujeung we ka urang bandung tiasa ngeumpeul ngariung bari gogonjakan..
 
kanggo kang ganjar sigana abdi teu acan loma neupangkeun we abdi alona wa sas hehehehehe...
 
sakali deui wiluejung....
 
 
 
 
imas
 
 
 


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tos dua kali ngobrol sareng Kang Siddik, katingalna mah Kang Siddik cios bade cuti-na, antawis kaping 18-19 Juni 2005 bade ka Bandung, atuh kaleresan pisan sami sareng rencana Kang Ganjar bade ka Bandung.
Ku alpukahna Kang Siddik nya waktos anjeuna di Bandung urang ngayakeun riuangan, keur mah ongkoh Kusnet Bandung tos lami teu aya riungan.
Tempatna kanggo saheulaanan mah urang ngocal ngocal ka Karawitan (Cupumanik), pedah we Kang HW kantos nawisan tempat, atuh nu sanesna di Rajamantri (di MJ) siap nampi kitu deui di Margawangi di sim kuring.
Kang Siddik nyebat tempat Man Jabal, resto gaya Ciamis di Buah Batu Bandung, mung saur MJ mah teu lega, sareng moal tiasa laluasa ngawangkong........!.
Keun tempat mah kapayun diwartoskeun deui dimana pastina, ayeuna mah ieu bewara munggaran bilih aya nu gaduh usul boh tempat atanapi nu sanesna, mangga diantos.
 
MSasmita
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, June 02, 2005 6:54 PM
Subject: [Urang Sunda] ka lembur

Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Upami teu aya halangan harungan, pribados aya rencana ka lembur (ka Bandung) antawis ping 15 - 19 Juni. Kasempetan ieu, hoyong oge dimangpaatkeun kangge silaturahmi sareng dulur-dulur US di Bandung atanapi ti daerah sanesna. Waktos sareng tempatna urang atur.
Nuhun.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke