Kuring kantos maca versi lain asal-usul Harisabya teh cenah mah putri ti Madura. Hilap deui tina buku naon. Pangeran Guesan Ulun upami teu lepat mah gaduh putra oge, sabab anu nersakeun Sumedang Larang teh saderek terena Suriadiwangsa. RA Suriadiwangsa akhirna netep di Mataram. RA Suriadiwangsa upami teu lepat mah, ku Sultan Agung dipiwarang numpes barontakna Madura ka Mataram. Janten Madura teh kantos dijorag ku urang Sumedang ....hehehehe.
Saatosna numpes pemborantakan di Madura, RA SUriadiwangsa netep di mataram. Perkawis ieu, disabit-sabit oge dina sajarah Mataram kenging Graf (Urang Walanda). Oge aya politik ti Sultan Agung supaya daerah kakawasaanaa henteu barontak, nyaeta "nyandra" kulawarga pangawasa bawahan manehna, cicing di lingkungan karaton Sultan Agung. Di daerah Solo/Kartasura aya kampung namina Sumedangan, cenah mah eta teh tadina tempat kulawarga pangawasa Sumedang nu "disandra" ( Nina Lubis, Riwayat Kota-kota di Jawa Barat). Dina buku Graf, aya dicarioskeun barontakna Tatar Ukur jeung Sumedang ka Sultan Agung. Teras ditumpes, urang Sunda diabringkeun ka Mataram, ditaralian, teras dihukum pati. Ke urang cek deui buku-bukuna, bilih seueur teuing lepatna. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

