Title: Message
Assalamu'alaikum
 
Hatur nuhun kanggo uwa Siddik sareng Uwa Jaka, anu tos masihan
pepeling kanggo abdi khusuna, katampi pisan uwa.
hate teh ayeuna tos tenang, ngadangu pepeling ti uwa sadaya, oge kanggo
kang Nanang anu tos masihan saran sareng pepeling, hatur nuhun kang..katampi ku abdi.
 
mun abdi aya kecap anu kurang sae mangga ku abdi bade diantosan revisina.
ti akang sareng uwa sadayana, umumna kanggo kasadaya US dimana saja berada.
 
Hatur nuhun,
Rafly
 
-----Original Message-----
From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, June 03, 2005 9:07 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] MAKLUMAT

Mun kuring meunang jeung pantes nya kang nyebut Kang
Siddik teh, margi umurna teu jauh beda, sumuhun
payunan Kang Siddik sakedik.
Sok regepkeun ku Jang Miih, ari kolot mah (sepuh
maksud teh) sok asak tinimbang, lamun ngagelendut teh,
lain ambek, tapi mere pepeling.
Alhamdulilahna Jang Miih oge hade, boga rasa tumarima
ku ayana panggeuing ti balarea, langsung hidep menta
dihampura, ieu hiji tanda jalma nu ngagem agama.

Heuheui deuh jiga ustad euy.
Jaka

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Muhun ... , mung bae ulah salempang..... ke oge
> upami tos lami ngiringan ieu milis kawas gado-gadona
> bakal ical......, seueur contona wargi-wargi diieu
> milis anu basa Sundana pasolengkrah, lami-lami
> janten pinter basa Sundana.
> Mung bae ulah pundung upami aya wargi anu
> ngalereskeun..., malih mah bilih aya taroskeuneun
> moal kirang taroseun, komo tuh teh Mpup (Pupi
> Widyamulya) istrina kang
> Adnan (kumincir) anjeuna ahli pisan kana basa sareng
> sastra Sunda, margi lulusan UNPAD jurusan Sastra
> Sunda.
> Pesen ; Omat ulah nga-akang-keun (sok asa ngora
> deui...heuheuheu..) atuda umur tos langkung ti
> satengah abad, sakedap deui oge bade nyusul Ua
> Sasmita (anu linggih di Bandung) pangsiun...,janten
> bade nga-Amang-keun manggga..., bade nga-Uwa-keun
> mangga..
> Sakitu bae nya.....brallll tandang makalangan...

> ssw

> Miih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mangga kang,
> Rafly mah nembe munggaran di ieu millist teh sieun
> Jatuh (sundana??)
> ti soledat = terpeleset( bhs. Indonesia), lepat =
> salah (bhs. Indonesia)
> kang,,..
> Bhs na oge masih kawas gado2 kang, mangga atuh kang
> Siddik ti payun
> abdi rek nuturkeun ti Belakang (sundana ??). ti
> pengeker
> Salam,
> Rafly

> From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
>
> Sami-sami.....
> Baeu kasep......
> wilujeng ngiring icikibung di ieu milis...
> hayu urang babarengan mulasara jeung nanjeurken
> Sunda jeung Kasundaan...
> Do'ana,

> sw
>



           
__________________________________
Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/stayintouch.html


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke