Nagara urang ayeuna loba dijejeleh ku nagara deungeun. Loba nu nyarita, bangsa urang ayeuna kurang PeDe lamun nyanghareupan urang deungeun. Beda jeung para founding father bangsa urang, anu teuneung ludeung, wararani, nepi ka Indonesia tiasa merdeka. Sanajan kamerdekaan nagara urang make perjuangan fisik, tapi sabenerna mah anu nangtukeun lain perjuangan fisik tapi perjuangan diplomasi. Perjuangan diplomasi, jarang disebut-sebut dina sajarah da meureun dongengna henteu rame ....beda jeung dongeng dar-der-dor na bedil, sumagrangna pedang, jeung seukeutna bambu runcing.
Salah saurang diplomat urang anu unggul nyeeta H. Agus Salim (cenah mah Emangna Emil Salim), asalna urang Koto Gadang Bukittinggi. Jadi Urang Awak lah. Ieu salah sahiji carios kumaha PeDena H. Agus Salim teh. Di tahun 1950'an, aya acara kanagaraan di Istana Buckingham London. Duga acara naon, hilap deui. Pokokna acara ieu teh dihadiran ku tamu- tamu ti mancanagara, kaasup ti Indonesia, nu ngutus H. Agus Salim. Pas dina acara makam malam, saatosna meureun. Kusiwel H. Agus Salim teh ngaluarkeun roko keretek, peledug diudud. Haseupna kamana-mana, atuh para tamu Ratu Elizabeth teh tingarangseu, ku bau aneh tina roko keretek ieu. Pangeran Philip caroge Ratu Elizabeth nu sami-sami rada "lieur" ku haseup rokok keretek, nyampeurkeun ka H. Agus Salim, teras nyarios kieu (Pantesna dina basa sunda): "Tuan, roko naon eta teh nu nuju diudud ku tuan?" Ceuk H. Agus Salim teh : " Yang Mulia, ieu roko namina rokok keretek, campuran bako jeung cengkeh. Tah bau ieu, Nu Mulia, nu nyababkeun bangsa tuan jeung bangsa-bangsa di Eropa ngajajah nagara abdi jeung nagara-nagara sejen di Asia nepi ka ratusan taun!" Poho deui dongengna, kumaha reaksi Pangeran Philip ngadangu jawaban Agus Salim kitu teh .... (Tina Intisari tahun 1970'an) Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

