|
Haturan Kang Is,
Kumargi wikipedia mah kaharepna (bisi) jadi patokan
turunan urang ku kituna sim kuring meredih ka Kang Is, sing atos-atos sareng
tarapti! Akang tiasa oge nyuhunkeun opini ka ahli sajarah perkawis ieu.
Ari si kuring mah sanes ahlina tapi sugan wae aya
mangpaat, anu kapendak kusim kuring mah jujutan kieu geura:
1. Salakanagara (sami)
2. Tarumanagara (sami)
3. Kendan (sikuring teu acan nyosok jero perkawis
karajaan ieu, mangga nu sanes)
4. Galuh, anu kalebet ieu teh;
saunggalah, galunggung, jaman panjalu, kawali, mung ibukotna pindah-pindah,
tug dugi ngadegna pajajaran gabungan Galuh sareng Sunda (amuk marugul) dibeulah
kulon.
5. Karajaan sunda dikulonen citarum (sangkatan
sareng galuh)
6. Talaga Manggung (sakedap)
7. Pajajaran,
8. Sumedang larang, tong mung ditingal jaman geusan
ulun (GU) wungkul, GU teh mangrupi raja terakhir sumedang larang margi ngawitan
ngadeg sumedang larang teh ti jaman Darmaraja (Prabu Aji Putih, Tajimalela,,
Prabu Gajah Agung dll), teras ngulon dugi ka sumedang ayeuna Raja panungtung GU,
terah Sumedang larang ti Ibuna dan ramana mah ti Cirebon anu katelah Pangeran
Santri tea.
9. Kasultanan Cirebon
10. Kasultanan Banten
Kanggo referensina perkawis sumedang larang
samentawis, dina gembolan ditangkokeun ku sikuring.
Wassalam,
dudi_ss
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
Sumedang Larang.doc
Description: MS-Word document

