Kang Hasan,
Kapepelingan ku reply MJ dina jejer ieu, aya hadena upama tulisan naskah GK Lutung Kasarung anu dina koropak teh diedit deui, utamana lebah "catetan". Asana ieu catetan nu dimaksud teh aya dina kaca pangtukangna eta naskah, ngarupakeun lampiran/pangiring atawa catetan kaki eta naskah.
Eusi eta catetan nu dimaksud, sakumaha dicutat ku MJ, kieu: "Catetan : Ieu sadaya "parabot" anu aya di isteri. Jadi upami aya anu masihan wasta ka bumi "Gunung Cupu Mandala Ayu" eta tetela yen jalmi teu terangeun di hartosna, komo lebet-lebetna ieu dongeng)".
Usul kami, ilangkeun atawa pupus bae eta catetan teh. Anapon alesanana sakumaha geus didadarkeun ku MJ kalawan ditambahan di dieu ku kami: bisi mere atikan anu salah, lebah teu malire kana pangarti anu sejen kana harti kecap, khsusna kecap anu dimaksud; jeung bisi dianggap ku anu maca/mere atikan anu salah yen harti "Gunung Cupu" teh ngan eta-etana.
baktos,
manAR
On 6/3/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya Mj, sapuk, si kuring oge teu satuju kana catetan anu dihandapna mah. Kuduna mah teu kudu make cutat-catet sarupa kitu. Siga Al Qur'an bae atuh anu operasional keur sakabeh golongan, boh pikeun anu ukur bisa maca anu tekstual, atawa pikeun anu bisa ngahartikeun leuwih jero. Soal tempat maker ngaran "Gunung Cupu", na teu meunang kunaon? anu make istilah leuwih ti kitu oge kaci.baktos,manAR
On 6/3/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:ke heula....
lembur kuring di Cikoneng Ciamis ngarana (desa) Gunung Cupu.
ngaran-ngaran gang teh Purbasari, Guruminda, jsb.
Ari soal ngahartikeun mah bebas, kumaha kabisa dumasar pangaweruh
objektif subjektif jeung kayakinan nu jadi dadasar. teu kudu
ngahukuman make kecap "tetela yen eta jalmi teu terangeun di
hartosna..."
sajuta jelema ngahartikeun qu'ran, beda. komo ieu nu ngan ukur
legenda/dongeng/carita....
Gunung cupu, tempat nunda cupu. cupu = kotak leutik paranti nunda perhiasan.
mandala = dunia/alam.
eta harti leksikal. ceuk hermeneutik? nu mana heula. make elmu alat we...
> > ( Catetan: Ieu sadayana "parabot" nu aya di istri. Jadi upami aya nu
> masihan wasta ka bumina "Gunung Cupu Mandala Ayu" eta tetala yen eta jalmi
> teu terangeun di hartosna, komo lebet-lebetna ieu dongeng)
> >
>
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

