Alhamdulillah,
 
Geus rada ti beh ditu puguh ge miresep rencana Pemda Subang rek nyatujuan pangusaha ti Korea nyieun lapangan golf di wewengkon Panaruban. Harita hate kacida tagiwurna bari heunteu weleh munajat sangkan eta rencana anu pibahlaeun pikeun lingkungan lamping kaler gunung kawentar di TS - malah nepi ka luar TS oge - bolay. Pon kitu deui sapuh di Panaruban, nyatana Kang Idrus tea, anu sarakanna di dinya paantel pisan jeung wates eta sarakan anu diincer ku para pangusaha teh. Amin....mugi Gusti teras netepkeun bolayna eta rarancang lapangan golf di wewengkon Panaruban turta ngajaga sangkan Panaruban mah tetep bae alami. Amin.
 
Panaruban teh-sakumaha mindeng pisan didongengkeun di ieu milist, kacida endahna. Lebar temen upama jadi lapangan golf. Ari lapangan golf tea apan kudu make jukut anu dipiara migunakeun sarupa insektisida jsb. Jadi, upama wewengkon eta jadi lapangan golf, disagigireun urang kaleungitan kendahan alam asli kebon teh jeung leuweung, urang oge bakal kailangan hawa anu seger jeung unak-anik sasatoan jeung tutuwuhan anu heunteu bisa hirup bareng jeung insektisida. Pon kitu deui, sumber cai kahirupan masarakat di dinya jeung di beh hilirna baris kakotoran (tercemar), leheung mun kakotoranana teh ukur ku kokotor anu lain logam berat, ari ieu? pestisida tea...ngandung B3 anu pibahayaeun.
 
Panaruban...oh Panaruban...tempat endah. Pantes jeung rada percaya upama di dinya aya patilasan anu baheula. Aya curug leuwih ti 7 boh nu gede atawa anu laleutik. Aya awi Ater, aya Awi Koreas, tangkal Puspa jeung Ki Sereh, Campaka jeung Hanjuang anu neba, heulang Sunda jeung Kijang, jeung mangrewu-rewu makluk leutikna, kabeungharan "keanekaragaman-hayati" urang.
 
Kabeneran kungsi papanggih jeung sababaraha urang ti rengrengan LSM ti Subang anu sarua bajoang sangkan Panaruban teu tulus dibukbak. Atuh jeung salah saurang anggota dprd Subang oge kungsi tepung di sasaunganna Kang Idrus lebakeun lahan anu diincer. Alhamdulillah, kamelang teh geus ditepikeun bari saeutik ngancam ku amanah jeung ancaman nyutat tina .....wangsit tea hehehe.  Cekeng teh: "Kahade tah, aya amanah ti luluhur yen tempat eta mah ulah digadabah, ongkoh deui naha salira heunteu uninga, apan wewengkon Panaruban terus ka Gunung Sunda anu nyanding beulah kidulna eta teh tempat kapal udara loba cilaka alias ragrag?".  Ayeuna aya beja eta rencana ngagadabah Panaruban teh teu tulusm kacida syukurna. Sugan bae atuh, enyaan heunteu tulus Panaruban jadi lapangan golf teh.
 
Ari anu kapicangcam ku Kang Idrus mah Panaruban teh rada diarep-arep dijadikeun sarupa taman nasional atawa sakurang-kurangna kebon raya. Sigana mah, asal ti simet ayeuna Pemda rada nalingakeun kaayanana, eta cita-cita teh bisa bae kahontal. Sugan bae pareng.
 
baktosna,
manAR
 


 
On 6/3/05, Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
akhirna teu jadi kan ngadamel lapangan golf ? dasar pang-usaha teu kaopan aya lahan, pami jadi didamel eta lapangan abii bade ngiring maen bal lah, caket kan ti jl. cagak ka panaruban

Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,

  Punten wae bisi ieu berita teh geus basi.

  Tadi beurang kuring ngahadiran deklarasi LSM lingkungan hidup nu rek
  ngalawan  rencana diwangunna Lapangan Golf di Panaruban Sagalaherang
  Subang.

  Ceunah  eta investorna teh ti Korea. Rek ngagunakeun lahan koservasi
  nu legana kira-kira 620 hektar. Ku masyarakat teu disatujuan. Alatan
  bakal ngabalukarkeun hese cai jeung ngarusak lingkungan hirup.

  Saur  Bapak  Sumarna sesepuh Panaruban, ayeuna wae geus loba huma nu
  kagaringan  alatan  hese  cai.  Komo deui lamun aya Lapangan golf nu
  merlukeun  cai loba. Disagedengeun ti eta, Saur Bapak Garna Abdullah
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke