Wilujeung Baraya sadayana !
Kuring rek ngiluan ngartikeun
Kalimat nu pertama jeung nu kadua jigana baraya geus pada tau kabeh !
 
Kundang iteuk
"......cik atuh budak teh ulah diais bae tapi kudu bari dikundang....", dina kalimah kundang hartosna dikaitkeun kana hasta.
"......euleuh eta si bapak beuki keneh kana ABG padahal geus kundang iteuk....", dina kalimah ieu hartosna kundang teh "tos sepuh".
"......jalan teh meni leueur pisan, tapi si aki mah bari jeung kundang iteuk jongjon wae, boga elmu cheng lung jigana mah...",mun dina kalimah ieu hartosna "kundang iteuk" ngaitkeun iteuk enyaan  dina hasta (arti harfiah).
 
Gorek-gorek tuweuw ge ludeung
Upami tuweuw mah sabangsa manuk anu jiga gagak, buluna hideung, panon sareng sukuna beureum, mun disada "colek..colek......tuweuw", manuk ieu biasa ayana dileuweung, sok dipake "alat" keur niup (nyantet) matak seueur diwewengkon nu seueur dukun santet, ludeung hartina bisa/mandiri. 
Gorek-gorek tuweuw ge ludeung dina kalimah ieu maksadna nyaeta dikasadana tarik atanapi jauh ge kadanggu.
 
Ayeuna urang hijikeun kabeh kalimatna janten
...jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung; teu aya sanes mun ukur nepatan janji nu diucapkeun bari nyebut Insya Allah.
Ieu kalimah ngajarkeun tauhid kanggo urang sunda nu hartosna mun gaduh maksad nu hade kedah aya niat nu sae, kuat tekadna, jeung kudu sajajar (adil).
 
Memang luhung budaya sunda teh, salah sahiji cirina nyaeta hese tea....
 
TAJIMALELA 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke