Mani asa loba pisan katunggaraan nalika jaman kakaretaan teh... Cobi geura, Pih, kang Yudi... Dina kengingna abdi diuk, teu gugur teu angin, aya rantang ragrag pas pisan ninggang tarang. Najan nu bogana (ibu2) ceuk paribasana acong2an menta hampura, jeung najan memang teu nyeri teuing katinggang rantang teh, eta tuda... cobi we bayangkeun ku baraya sadaya... Keur ngeunah-ngeunahna lelenggutan diayun ambing ku kareta, ana BELENTRANG teh RANTANG NINGGANG TARANG!!! Beu, ieu deuih, na  ku kabina-bina teuing nya ari basa Sunda, kamusibahan bae ge mani murwakanti kitu....

iaa

On 6/6/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rugel atuh kitu mah, margina sanaos korsi dipasihkeun karerencangan, eta si lalaki moal ngaralat ...............janten rugi dua kali, rugi disebat "kolot", rugi teu kenging korsi......
heuheuheu.....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke