Title: Message
Wa'alaikum salam,
Hatur nuhun kang Ndoell abdi tos jadi Bintang Tamu, tapi belum dibayar
iraha bade di transfer teh,,ngke ku abdi dipasihan no, rekeningna, hatur nuhun di antosan pisan, heeuuu...heuu... permios
 
Rafly
 
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 5 juni 2005 di
gigireun Danau Salam -
Kampus UI  Depok, alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya
rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara diantawisna : -----------------------------
- Kang Rachmat                            - Teh Imas sareng carogena
- Kang Tirta sareng palaputra              - Teh Nia
- Kang Akos                            - Teh Ani
- Kang Ikmal                            - Teh Titi
- Kang Kamal
- Kang Irfan                            Ti Bandung :
- Kang Suharja                            - Teh Pupi
- Kang Agus azzo sareng istrina              - Teh Iva wanti
- Kang Didi ustad (teu nganggo z) Leboy        - Kang Roisz
- Kang Kumincir (Kuncen bungsu)           
- Kang Ndoell, abdi tea..

- sareng Bintang tamu : Kang Miih

Kagiatan : -----------------------------------------------------------
Nu sumping enjing-enjing jararoging bari nongton nu jogging

Di-guide-an ku Kang Rachmat diajak mapay-mapay leuweung kota,
kukurusukan kana ruyuk, nyaba kanu bala, mipir-mipir kana gawir,
ningali pamandangan endah, ngurilingan danau salam nepi ka
hah-heh-hoh.... lumayan rada ngesang...

Ngawangkong dina iuhna tangkal salam bari ngetewil suuk, comro sareng
katimus sanajan bari digembrong ku sireum, asa nikmat balakecrakan
jeung seuseurian. Teu aya hal husus anu didiskusikeun, namung seueur
hal-hal anu tiasa janten bahan pikeun dipadungdengkeun dina milis
atanapi kanggo bahan anu kedah dipidamel dina waktu kapayun.
(Pedaranana manawi tiasa didugikeun ku Kang Tirta)

Rengse Solat Lohor, acara dipungkas ku tuang siang di Kantin Asrama
Mahasiswa di Wisma Makara. Mirah, meriah, wareg.
Tabuh 2 langkung,  sadayana pamitan, marulih deui.
----------------------------------------------------------------------

Hatur nuhun kanggo Kang Rachmat anu sakitu direrepot parantos
nyayogikeun sagala rupina.

Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh
dijugjug, anggang-anggang diteang. nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti
Bekasi, ti Bandung....
Nuhun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi
sadayana tiasa ngama'lum.

Hatur nuhun oge anu parantos nelpon sareng ngintun SMS, merhatoskeun
ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping : Teh Neni Batam, Teh
Ami, Teh Euis, Teh Tia, Kang Toni, Mang Oman, oge nu sanesna.

Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar anu
bade dongkap tiasa nungkulan.

Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kanggo salengkepna nu
sanesna tiasa nambihan. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.

Wassalam,
-Ndoell-

en be :
Poto-poto bakal dipostingkeun sarengsena di edit, sabar we, nya...!




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke