hiji mangsa, pikeun ngabahas soal karya seni instalasi Tisna Sanjaya nu diduruk tea ku pp di babakan siliwangi, nu ceuk Prof. Yusuf Affendi kaasup lain seni, para ponggawa seni bandung ngayakeun diskusi di Taman Budaya Jawa Barat.
nu jadi panyatur teh Prof. Yusuf Affendi kuanjeun jeung Aminuddin Th Siregar. dosen ngora, angkatan 93 lulus 97. teuing program studi naon di fsrd itb na teh. nu puguh mah batak. Prof. Yusuf (Pa Ucup) nyarios make basa Sunda. si Aminuddin rek pundung, kaluar bari mawa sapatu (acarana ngampar samak). cenah ngomong kieu, "gue Batak, bukan Sunda. Ini sudah etnik." Tisna ngolo sangkan ATS teu jadi pundung, oge Hawe nyarita ka Pa Ucup cenah nyariosna basa Indonesia bae. poe Saptu, Usep Romli nulis dina rubrik Khasanah ngeunaan "naha teu meunang make basa Sunda?"... Hawe di gelendeng ku kang Usep Romli. malah dipatalikeun jeung posisina salaku pemred majalah basa Sunda Cupumanik, oge kadeukeutan manehna jeung kang Ajip Rosidi, nu militan soal basa Sunda, hayang Basa Sunda jadi tuan rumah di Tatar Sunda tea. ceuk si kuring, Pa Ucup nyarios basa Sunda teh, sigana pedah tempatna di Taman Budaya Jawa Barat, jeung meureun nu aya teh Hawe Setiawan, Tisna nu US. kuring mentegeg ka si Ucok, sabab manehna teu ngapresiasi budaya lokal (Basa Sunda), salian teu ngahargaan kolot (guru besar di tempatna gawe). salila lima taun, misalna, cicing di bandung, piraku teu ngarti saeutik-eutik acan basa Sunda. kitu tah ari budak ngora teh, arogan, bisa saeutik asa bisa sagalana. komo da seniman tea. kang Tisna (di sms) mangpaurkeun ieu kajadian jadi rasialis, cenah. nya ceuk kuring teh, Gaplok si Ucok! teu ngahargaan budaya lokal, jeung kolot. budak kamari geus patantang petengteng. piraku kudu jadi bukti sejen yen seler sebrang teh aya deui nu pikasebeleun salian ti supir angkots. hanjakal kuring teu nyaho aya acara eta. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

