Naon nu dibahas ku Kang Dian teh memang leres kitu. Nu dimaksud ku kuring kurang fleksibel mah sanes TTF-na, tapi pakarangna. Kuring oge nyobaan MathML nganggo TTF ti MIT, jiga nu alamatna ku Kang Dian dituduhkeun. Jigana kedah diajar heula aksara Sunda nu ayeuna, KAGANGA tea, jiga kumaha cara-carana. Nuhun Kang.
 
salam,
mh

diantn <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asa kirang ngartos TTF kirang fleksibel palih mana, nya Kang? Margi TTF (atanapi OTF) oge kaasup open system tur platform independent. Saparantos aya hasil dina TTF, urang tiasa nganggo dina sistem operasi mana wae boh linux, windows, atanapi mac. Hanjakal pakarang nu sae kanggo ngadamel TTF memang seueur anu teu gratis (contona Fontographer, FontLab jste). FontForge sae (http://fontforge.sf.net),
nanging utamina jalan dina sistem operasi Linux.

Saupami bade nganggo ML, sakaemut abdi tetep kedah aya heula kumpulan aksara/simbol anu salah sahijina nyaeta disimpen dina file TTF. Janten, bakalan teu tiasa nganggo MathML saupami teu aya file kumpulan aksara ieu. Cobi tingali proyek font TTF kanggo MathML dina browser mozilla di http://www.mozilla.org/projects/mathml/fonts/ . Katingal
yen MathML oge peryogi kumpulan aksara (atanapi simbol) dina format TTF ieu.

Kukituna ngadamel kumpulan aksara sunda dina format TTF atanapi OTF, ieu saestuna anu pangheulana kedah dikerjakeun kanggo proyek-proyek publikasi dina Aksara Sunda.

Anu diperyogikeun ayeuna:
1. Kasapukan Aksara sunda, boh aksara dasar, curek, oge aturan-aturan nyeratna.
2. Kasapukan kode ASCII/Unicode aksara sunda
3. Kasapukan keyboard aksara sunda.

Saterasna urang tiasa gawe bareng ngadamel kumpulan aksara sunda nganggo salah sahiji program TTF nu aya.

-Dian-

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upama rek make TTF mah geus nyampak sababaraha pakarang gratisan,
ngan kurang fleksibel. Jigana pikeun jangka panjang hade ngaguar XML,
sabab ieu open system, ngan gawena lain jore-jore. Hasilna kira-kira
bisa jiga ngetik make HTML, jadi karakter aksara Sunda bisa
di-generate make TAG mirip HTML jeung bisa dibaca ku browser. Upama
ieu aplikasi bisa dijieun, bisa dipake pikeun publikasi koran Sunda
online make aksara Sunda. Contona MathML, simbol-simbol ekspresi
matematika, bisa dihasilkeun kucara nu sarua jiga ngahasilkeun dokumen
HTML.

> salam,
> mh
>
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah, cing, Kang Dian/MH, kumaha carana eta teh pami hoyong nyobi2
ngadamel dina TTF, OTF, MathML jeung sajabana teh, teu ngarti eung....
> Kungsi naroskeun ka nu ngadamel rupa2 aplikasi aksara asia, kedah
gaduh keyman, anu anu anu, walah bingung euy...
>
> On 6/6/05, Dian Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Asana mah
langkung sae nganggo standard font nu tos aya, nyaeta TTF atanapi OTF.
Teu langkung naha bade ditempatkeun dina wilayah ASCII atanapi wilayah
UNICODE. Salian bakal tiasa dianggo dina lingkungan web, oge tiasa
dianggo dina lingkungan desktop.
>


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke