Title: Message
Wilujeng ka Teh Lies sareng Kang Kumincir, wireh tos lebet kana majalah Sunda Cupumanik.
Ari Teh Lies mah dina rubrik Urang Sunda, nyarioskeun pangalaman sareng ketak Teh Lies ngawitan ti Tasikmalaya tug dugi ka London sareng seueur kagiatanana utamina dina widang yayasan nu masihan bea siswa ka barudak di pilemburan.
Kang Iskandar alias Kumincir tea inyana mah nyerat perkawis Lalayaran di Dunya Maya, nyarioskeun basa Sunda dina Internet dugi ka kagiatan Kusnet, digitalisasi Buku Sunda sareng Wikipedia basa Sunda.
Ka balarea mangga geura aos dina majalah basa Sunda Cupumanik No 23/2005 sasih Juni 2005, sareng mugi mugi we nu nyerat dina majalah teh beuki nambihan.
 
MSasmita


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke