Title: Glacier
Sarabunis Mubarok
 
TIMBURU
 
Ngalanglayung, pangharepan hamo jucung, basa anjeun
ngajaul tina haté kuring. Karasa jadi parongpong. Pangeusina
salin jinis jadi mangréwu timburu, mangréwu kuciwa,
ngabesét duriat jadi rarawing kasono nu ngembang waluh,
ngaréngkolan deudeuh sajajalan kawas nu kurang saeundan.
 
Jalan raya aya ku heurin, na trotoar pasedek-sedek beungeut
anjeun. Ditarincakan. Kuring jéngké milihan simpé. Saban
lengkah karasa asa ngangkangan pasini nu nalian sajajalan.
Tihang listrik, tihang telepon, jajaran mahoni nu rajeg, metotan
kandaraan kana haté kuring, sina pasiliwer, patinggalaur,
meupeus-meupeus sajak nu ngabatu. Ngan na trotoar,
beungeut anjeun nu pasesedek téh bet garetihan, jadi mosaik
nu salapak jeung sajak nu muruluk tina dada sajajalan.
 
Anjog ka hareupeun imah, bet ku édas, dina témbok
tingsuruwuk beungeut anjeun, kawas pamflét nu luut-léét
elémna. Na kaca jandela, beungeut anjeun silih séréd,
Lebah panto aya marka jalan, sasetrip, "Dilarang Masuk!".
 
Kuring rumpu-rampa, neneangan batu dina dada.
"Prak! Praak! Praaak!" hiji-hiji kaca jandela aya nu
nénggoran, teuing ku saha. Sakali deui beungeut anjeun
garetihan, sakali deui rerenghat kaca jadi mosaik,
sakali deui sajak kuring patingbaletrik.
 
Dumadakan kuring ngibing, lir kuda lumping.
Sasemplék-sasemplék kaca jandela dibaheuman, diteureuy
teu eureun-eureun, pagalo jeung beungeut anjeun, pagalo
jeung sajak, jeung pasini, jeung timburu, jeung kuciwa,
jeung rasa cinta, nyuruluk kana tikoro, muru haté nu
meupeus keuyang, tepi ka seubeuh, tepi ka karasa geus
meupeuh, tepi ka teurab handaruan, norékkeun saban ceuli
jalma-jalma, norékkeun anjeun nu ngabigeu sapeupeuting
dina tangkeupan kuring.
 
2005.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke