Title: Glacier
Sarabunis Mubarok
 
RURUHIT HATE
 
unggal ceudeum
unggal jarum jam guntreng jeung hieum
kuring meruhkeun parahu nuh
ka sagara getih nu ngagolak nolak dunga
saban jangjang hate nyodekaan keretegna
 
unggal caang
unggal nyesakeun silalatu na pirunan
kuring melak galunggung jeroeun hate
nginggeungkeun nyawa nu muhit magma
ka saban rakaat nu muguran ti arasyNa
 
unggal anjog unggal miang
unggal kabaca sarimbagna saban kalangkang
kuring ngawangun masjid na titincakan
marengan adzan nu sakaset jeung tetembangan
marengan syetan nu dipeto pikeun ngimaman
 
2005.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke