Tah baraya bilih aya anu minat masarkeun jengkol kang rakhmat tos masihan jalanna. Biasana anu kana bisnis mah kang doel.
Geuningan meni awis nya. Pangaos  jengkol di bandung abdi ge kirang terang, tara ka pasar......:)
Mun aya jengkol biasana aya peuteuy teras asin, sambel, lalab. Tuangna bari ngampar samak di UI kamari tea geuning.....raos nya.
 
 
Neng Iva 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami emut sangu, atuh kedah ditambihan emut ka
rencang sangu. Salah sawios diantawisna nya eta
jengkol.
(saha pameget anu sok pirajeunan ka Pasar?) Kamari
wanci haneut moyan, kuring ka pasa Depok Baru. Biasana
upami meser sayur aya hiji warung langganan. Nu
dagangna teh urang Jawa, nuju kakandungan 8 sasih.
Harita oge disarengan ku carogena. Sabada meser sayur,
ngobrol ngaler-ngidul ngulon-wetan, bras we obrolan
teh ka perkara jengkol. Ceuk si ayu teh, ayeuna hese
mun milarian jengkol. Biasana pasar Depok baru sok
nyandak daganganan  ti pasar Kemiri muka). Tadina
pangaos jengkol teh ngan Rp 4000/ kg, ayeuna ngadadak
jadi Rp 16.000/kg.

Tah bilih wargi kusnet bade bisnis jengkol - ti batan
bisnis telkom-ajinomoto anu teu jelas bisnis naon-
mangga kontak ka abdi, para padagang di Pasar Depok
baru tos ngantos-ngantos aya pasokan jengkol.


baktosna,


mrachmatrawyani

 

>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke