ari ceuk kuring mah, mendingan oge di Cupumanik Wa, 
sakalian ngawanohkeun Cupumanik + Buku2 Sunda  nu aya di 
Karawitan 46.

wassalam
soni+++


On Mon, 6 Jun 2005 22:50:17 +0700
  "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tadi pasisiang amengan ka Cupumanik maksad teh sakalian 
>hoyong ngobrol
> sareng kang HW, barang jol ka Cupumanik geuning Kang HW 
>mah nuju suwung nya
> atuh anu ditepangan teh Kang Dadan Sutisna sareng Kang 
>Rachmat.
> Saur Dadan tadi MJ kadieu,.....wah hanjakal atuh teu 
>tepang ceuk kuring teh.
> Teu uplek ngobrol teh da barieukeun ku ningali buku ting 
>talambru di unggal
> juru, antukna mah langsung we milihan buku buku Sunda 
>sareng buku sanesna.
> Satadina mah kahiji hoyong ngobrol sareng Kang HW teh 
>eta pedah aya warta
> dina PR tea perkawis "teu meunang ngomong basa Sunda" 
>anu diposting ku MJ,
> geuning kang HW disabit sabit dina tulisan di PR (tapi 
>ceuk kuring mah Kang
> HW teh sok mosisikeun dirina "siger tengah" jeung sok 
>kacida merhatoskeun
> kontek naon nu diobrolkeun jeung dimana, kumaha para 
>pamilona, geura imeutan
> waktos inyana pagedrug sareng Pa Saini KM dina masalah 
>kota, eta ge sami nu
> "mapanas" teh Ahda Imran).
> Kaduana eta hoyong matotoskeun tempat kanggo riungan 
>Kusnet di Bandung tea
> nu diancer ancer kaping 18 Juni, pas aya Kang Siddik 
>sareng Kang Ganjar. Ari
> tempatna mah tiasa kanggo ngariung dua puluh jalmi mah 
>bari ngampar samak
> atuh upami dijugjug teh teu tebih teuing da kaetang 
>dikota eta mah, di Jl
> Karawitan 46, tapi upami dibandingkeun sareng di MJ di 
>Rajamantri mah lega
> keneh di MJ...(Kang Siddik hapunten teu acan survey ka 
>tempat anu
> sanes...!!).
> Duka tah naha mending dimana nya..?
> 
> Eh...baraya.... di Cupumanik teh seueur buku Sunda lami 
>nu dicitak ulang
> kayaning Dukun Lepus yasana Ahmad Bakri, Awewe Dulang 
>Tinande/Tjaraka,
> Sripangging/Tjaraka jste atuh buku wedalan anyar ge aya 
>sapertos Panganten,
> Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta, Anak Jadah 
>jrrd....lamun tea mah jadi
> ngariung teh di Cupumanik sigana nu hadir  tiasa bari 
>meser buku, kapan buku
> Sunda teh kanggo saha deui upami sanes kanggo Urang 
>Sunda.
> Geura upami tae mah Kang Miih anu sakitu jelugna (nyebat 
>jelug teh pedah we
> ningali fotona) upami sering maca buku Sunda tangtos 
>moal dugi ka nyarios "
> sayah teh orang Sunda tapi kagak bisa bahasa Sunda...", 
>kapan janten urang
> Sunda mah sanes pilihan tapi tiasa basa Sunda mah 
>pilihan, seueur urang bule
> urang Jepang sareng bangsa asing sanesna anu tiasa basa 
>Sunda tapi tetep we
> maranehna sanes urang Sunda kitu deui sawalerna seueur 
>urang Sunda anu
> ngangken teu tiasa basa Sunda nya panginten eta mah 
>pilihanana da ari anu
> milih tiasa basa Sunda mah geuning sok sanaos tos puluh 
>puluh taun di nagri
> deungeun ge tetep we basa Sundana mah sae pisan ( 
>buktosna Kang Siddik anu
> tos puluhan taun di Korea sakitu norolang basa Korea-na 
>basa Sunda-na tetep
> we norolang atuh Abah Joe anu tos puluhan taun di New 
>York tangtos basa
> Inggrisna norolang tapi basa Sunda-na tetep we sakitu 
>beres roesna tara
> gagayaan iinggrisan sagala....salam baktos ka Abah Joe 
>tos lami tara
> patepang naha ari di Ki Sunda sok aya..?). Kanggo rasa 
>syukur ka Alloh Swt
> wirehna sim kuring dijantenkeun urang Sunda nya sim 
>kuring sok ngagunakan
> basa Sunda.
> Wallohualam.
> 
> MSasmita
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<!-- SpaceID=1705013556 loc=TM noad -->

--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke