|
lenyepaneun.....
SAHA INDUNGNA?
beres liburan ti lembur, kuring kudu geus balik ka
kota.
tapi lantaran jalan tolna pinuh teuing, kuring
milih jalan biasa.
Lantaran tunduh, kuring eureun heula di
rumah makan, mesen kadaharan.
Pas mesen, aya budak umur kurang leuwih 10 taunan
geus aya gigireun.
"bade meser kuehna pa?", ceuk eta budak bari seuri.
leungeunna muka daun pisang nu jadi panutup bakul kuehna.
"moal..., bapa mah tos mesen katedaan", jawab
kuring eces jeung ringkas. Manehna ngeleos bari mawa
bakulna.
sanggeus kuring ngadekul dahar kurang leuwih
20 menit, budak nu ngajual kueh katingali ngadatangan nu keur
dahar di juru, salaki jeung pamajikanana. Maranehna oge katingali nolak dagangan
budak eta. Budak eta ngaleos sanggeus ditolak daganganana.
"Pa tos tuang? kueh abdi bade dipeser pa?",
bari manehna nyampeurkeun ka meja kuring
"bapa mah tos neda jang, wareg keneh yeuh" kuring
ngajawab bari jeung ngusapan beuteung.
manehna ngaleos deui..tapi masih keneh di jero
restoran.
satiap nu lalar lewat ditanyaan, ditawaran..."bapa,
ibu,akang, teteh .. bade meser kueh nu abdi?" lemes basana
ceuk ukuran kuring mah. Nu boga rumah makan oge teu ngalarang budak
eta kukulintingan di tempat usahana.
Ningali budak eta, nyangkaruk rasa reueus
jeung karunya, ku gigihna manehna nyiar kipayah. teu katingali rasa cape, teu
katingali pondok harepan, sanajan euweuh jalma nu rek meuli
daganganana.
Sanggeus mayar, kuring ngaleos ka mobil. Katingali
ku kuring budak eta aya keneh di deukeut panto rumah
makan,
Kuring ngabuka panto, menerkeun jok terus nutup
panto mobil. can oge distater, budak teh geus aya gigireun bari jeung
seuri...
kuring nurunkeun kaca panto bari seuri
oge, " bapa pan tos wareg..tapi panginten bade masihan oleh-oleh kanggo tuang
putra di bumi"? manehna bari jeung sopan pisan nanya bari tetep seuri
jeung mamerkeun kuehna nu dina bakul. Ku kuring ditingali
pameunteuna..bersih-bodas. Ngeclak rasa karunya, kuring muka dompet ngaluarkeun
salambar 20 rebuan terus mikeun eta duit ka budak eta, bari ngomong "candak
yeuh jang..itung-itung sedekah we lah, kuehna mah keun we."
Budak teh narima duitna, ngucapkeun hatur nuhun
terus ngaleos ka arah rumah makan tadi.
Kuring bungah geus bisa ngabantu budak
eta. Kuring nyetarter mobil, terus mundurkeun mobil.
Deg! kuring reuwas ningali budak teh mikeun duit ti
kuring ka tukang baramaen nu lolong duanana. Kuring ngeureunkeun mobil
terus manggil eta budak.
"Aya naon pa? janten meser kuehna?" ceuk budak
teh.
"Kunaon mikeun duit ka baramaen tadi? duitna
pan keur ujang!" ceuk
kuring
"Pa, abdi teu tiasa nyandak eta artos. Pun biang
pasti bendu upami terang abdi janten baramaen. Saur pun biang, urang kudu nyiar
kipayah karena Allah.
Upami abdi wangsul nyandak artos ageungna siga
kieu, padahal icaleun seueur keneh, pun biang pasti teu kinten benduna. Saur pun
biang, baramaen mah keur jalma nu teu bisa usaha."
Abdi mah masih kiat keneh usaha pa" manehna tatag
nyarita.
Kuring heran jeung reueus kana prinsip ieu
budak. Teu papanjangan kuring terus nanya sabaraha harga sakabeh
kuehna.
"Bade dipeser sadayana pa?" manehna nanya. Kuring
ngan wasa unggeuk, teu bisa omong.
"25 rebuan wae pa" ceuk manehna, satutasna manehna
ngasupkeun sakabeh kuehna kana plastik.
Kuring mikeun duit 25 rebu, manehna terus
nganuhunkeun bari jeung ngaleos. Ku kuring terus ditingali nepi ka manehna
leungit tina titingalian, balik ka imahna sigana mah.
Di jalan, karek kapikir ku kuring status budak ieu.
Budak yatim? saha indungna nu geus ngalahirkeun jeung nu
ngadidikna?.
Terus terang we, kuring meuli kuehna teu
didasaran ku karunya deui..tapi didasaran rasa reueus ku sikapna, ku
prinsipna yen nyiar kipayah (nu halal jeung lain baramaen) teh
hiji kahormatan.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

