Title: Message
Hatur nuhun kang Ndoell, oh kitu nya  jadi Kang Roisz sareng Neng Iva
teh rayina kang Ndoell, abdi mah jadi sieun eeuuuyy..
basa Kopkar-UI oge abdi mah ningali kang Ndoll teh degdegan sieun ku jegermah
 
Masalah kabengbat atau henteu mah ngke we, di warming up heula,...
abdi mah acan ngeluarkeun isi hate kang, ...pasti lah mun tiasa abdi bade japri langsung
berani atuh kang ke Bandung mah, pan Jakarta - Bandung dekat sanes kitu kang.
 
Mangga kang di lejengkeun,
salam
Rafly

Kang Miih..
Kang Roisz mah rayi abdi
Neng Iva ge rayi abdi
jadi dua-duana baraya abdi
Tong hariwang, tong salempang, tong sieun, tong watirrrrrrss

Jadi Kang Miih teh kabengbat ku Neng Iva ?
euleuh...euleuh...
teu nanaon kang, mangga we teraskeun
asal Neng Iva-na kersaeun mah..

Ngan punten...
soal ngaluarkeun eusi hate mah tong didieu atuh
era ku batur..
wios langsung we di japri nya...
atanapi langsung dijugjug ka Bandung
wani teu ?

pan aya sisindiranana :

tampolong kaleng
karung ditalian
tong posting, gandeng
ka bandung we sakalian..

Okeh Kang Miih ?

-dul-
heu heu heu




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke