Assalaamu'alaikum!

Baraya, cing, punten, sakali-kali mah baca & tengetkeun panggeuing
kuncen teh! Yeuh, regepkeun, ayeuna kuring rek ngembarkeun (ka nu
teu/can nyaho jeung ka nu pura2 teu nyaho) perkara aturan mimilisan
anu ilahar cecepengan sapopoe:

1. Ngirim surelek (posting), utamakeun make basa Sunda.
2. Males surelek batur:
- salila jejer (eusi surat) luyu jeung judul surat, judulna teu kudu
diganti. Mun jejerna geus NYALENGGOR ka nu sejen, GANTI JUDULna!
- eusi surat nu dibales, nu teu kudu dimuat deui, PICEUN! (Ngarti teu?
HAPUS maksud teh, DELETE, mun teu ngarti basa Sunda mah!)
3. Ulah loba teuing NGOBROL teu puguh, silih bales bari ukur
sababaraha kecap. Mun alim dicaram ngobrol, mangga JAPRI kainyah
masing wareg!

Hampura bisi kekecapan kuring karasa heuras, da bongan teu ngalarti
bae. Ieu teh lain kahayang kuring wungkul (kabeneran kuring kuncen),
tapi kapan sok kabaca, batur ge aya nu ngangluh. Hatur nuhun.

Wassalaam,

kdr


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke