Baraya,
 
Aya loba anu dicaritakeun ku titik-titik. Sok sanajan pangringkesna dina ukuran tulisan, titik-titik teh kacida alewohna, malah upama dibacana salse tur saterusna dilenyepan, titik-titik teh bisa cacarita anu kacida panjangna, leuwih panjang tinimbang tulisan sapadalisan atawa sakaca nepi ka sabuku. Malah, heunteu pamohalan, titik-titik bisa cacarita leuwih panjang tinimbang sababaraha buku, utamana upama urang rineh macana jeung ngalenyepanana, komo upama dibaturan ku cikopi rasa jeung sabangsa kukuluban mah, kayaning kulub rus-ras, kulub seredet hate, jeung nu sejenna.
 
Manusa sakuduna syukuran ka anu Maha Kawasa anu geus nyiptakeun basa jeung dina basa teh aya tulisan sarta tulisan teh diwangun ku titik-titik. Enya apan garis teh, boh nu bengkok atawa anu lempeng, diwangun ku mangpuluh-puluh, ratusan atawa rebuan leuwih titik-titik. Ku ayana titik-titik urang bisa nepikeun naon rupa anu jadi kahayang atawa angen-angen. Sakabeh kajadian patepun lawung tuluy gending karesmen kahirupan sigana teu nyalahan upama disebutkeun mimitina ku titik-titik. Enya da titik-titik mah bisa ditafsirkeun sakumaha kahayang urang. Wilujeng ngamaknaan titik-titik, pamugi ageung manfaatna pikahareupeun.
 
Baraya, hapunten, ieu mah ngacapruk bae, nyaeta keur bingung mikiran titik-titik.
 
Baktos,
manAR
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke