Mm. Unicode kagungan slot aksara langkung seueur margi tiasa ngodekeun dugi ka 16-bit (65536 aksara). ASCII (extended) mung 8-bit (255 aksara).
Dina Unicode masing-masing bahasa kagungan slot sewang-sewangan oge. ASCII saleresna tos lebet kana slot BasicLatin dina Unicode. Janten, aksara Sunda nu ayeuna numpang kana slot anu aya.
 
Urang tiasa oge nambihkeun slot husus aksara Sunda kana slot Unicode nu kosong keneh, mm.. . Kauntunganna nya urang teu kedah gentas-gentos font seueur teuing. Aksara Sunda tiasa ditambihkeun misalna kana Arial.ttf.
 
Nanging samentawis solusi ASCII kanggo urang parantos cekap asana teh, sanes?
 
Wassalaam,
-Dian-
 
On 08/06/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dian, perkawis ASCII atanapi UNICODE, naon kaunggulan/kakurangan
masing? Pilih nu pangsaena bae...

Dina aksara baku, sadaya aksara laten parantos kawengku (x, z, v, f,
parantos aya).

kdr

On 6/8/05, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Hatur nuhun kintunan filena, kang.
>  Rupina, poin kahiji tos kacumponan, nyaeta kasapukan aksara sunda, cara
> nyerat, curek, dsb.
>
>  Ayeuna urang diskusikeun, di wilayah mana aksara-aksara ieu kedah
> ditempatkeun, naha wilayah ASCII atanapi wilayah UNICODE.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke