EMA��

Ema�.hampura diri abdi�
Loba hal-hal anu geus ku abdi dilakukeun, anu geus ngalantarankeun
nyeurina hate ema
Abdi geus ngancurkeun harepan anu ku ema geus diwangun timimiti
ngakandung diri abdi.
Ku alesan hayang mandiri, teu karasa diri abdi geus moohokeun
jasa-jasa anjeun ema�
Ku alesan diri abdi geus mangkat gede, diri abdi geus ngarendahkeun
kamulian hate ema�.
Diri abdi mopohokeun anjeun.., kusabab sifat lalawora anu nyangkaruk
na diri� Ya�Allah hapunten diri abdi nu lamokot ku dosa�.


Baheula sawaktu keur leutik, abdi sok mikangen ka ema.
Abdi ceurik sawaktu ditinggalkeun ema sok sanajan ngan ukur sajorelat�
Abdi teu ludeng sare nyorangan�., hate tentrem sawaktu usap deudeuh
ema marengan tibrana sare abdi�.

Abdi sadar, saenyana teu aya imut nu ikhlas iwal ti imut jeung deudeuh
ema�.
Abdi terang teu aya rasa kacinta anu bisa nengtreumkeun hate, iwal ti
kanyaah jeung rasa cinta ema nu ikhlas�.
Nu ngalantarankeun  timbulna rasa gumbira, sawaktu mancakrama ulin
babarengan nu pinuh ku bagjaan bareng jeung ema�.

Sawaktu diri abdi geuring, imut ema robah jadi imut nu pinuh kurasa
kamelang jeung harepan, nu ngajadikeun hate abdi tentrem ku paneteup ema�.
Abdi reueus campur bagja, ningali ema nu pinuh kukasabaran ngaping
ngajaring diri abdi�..
Hatur nuhun�..emaaaa�. 

Ema�.
dina waktu diri abdi diajar lempang, ema nungtun abdi dibarengan ku
kalimah numawa sumanget pikeun abdi, nu ngalantarankeun teu penggasna
harepan pikeun terus diajar sabab abdi terang ema salilana marengan
diri abdi.

-------------------------------------------------------------------------------------------------------

Cag�ah, punten bilih aya basa nu kirang merenah.

BM'69






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke