1. Saung Angklung Mang Ujo : langsung bae ngajorag tempatna (sabudeureun Cicaheum). Upama hoyong tepang sareng anu ngokolakeunana/sohibul bet (Kang taufik), cobi kontak dulur urang anu sok ngeusian website kisunda anu raket sareng anjeunna: Kang Nana Munajat (08156112129). Saeutik ngeunaan kaayaan pintonan di Saung Mang Ujo kungsi diposting (Mieling Mangkoko/Yayasan Cangkurileung), mangga pilarian bae arsip filena di ieu milist.
2. Sabuga ITB: asana buka unggal poe, langsung bae datang ka tempatna. Di teater Kubah aya pintonan film ilmiah 3 dimensi. Film-filmna diantarana: "Ring of Fire" (ngeunaan gunungapi), "Season" (ngeunaan 4 usum), film ngeunaan lauk hiu, jrrd. Science center na sae pisan keur barudak ti mimiti sd nepi ka sma, malah keur mahasiswa oge seueur manfaatna. Ngeunaan sabuga oge kungsi diposting, mangga pilarian bae arsip filen-na.
3. Kebon strawberry salian di wewengkon Lembang oge seueur di wewengkon Ciwidey, sakalian ngalongok bandung pakidulan anu kacida endahna.
4. Usul nu sanesna? Panaruban hehehe...aya cai nyurug leuwih ti 7 (jeung nu laleutikna), oge cenah aya sepuh anu ngampihan bandera pajajara. Siga kumaha? mangga bae ngajapri bade ka Panaruban mah, sakantenan ka Ciater.
Baktos,
manAR
On 6/10/05, Daradjat, Dhani (dhanigd) <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wargi sadayana -
Insya allah minggon payun sim kuring bade 'ngarenghap' saminggon mah di Bandung.
Hoyong-na mah ngajakan pun anak ka tempat2 nu rada unik, ulah ngan mal ka mal wae...ah...asa kalahka ngadidik konsumtif.
Tah... kumargi tos rada lami teu ka Bandung ...bade nyuhungkeun tulung...berita terakhirna. ..manawi aya nu uninga.
1. Saung Angklung Mang Udjo: Rame-na iraha nya? Upami Hoyong ngiring maen angklung didieu? Aya telepon-na kitu?
2. Sabuga ITB: raraosan aya Teater Kubah + Science Center-na. Iraha buka + Mesen tiketna? Aya telepon-na kitu?
3. Kebon Strawbery: DI mana nya?
4. Usul sanes-na....????Diantos wartosna.
Hatur Nuhun,
Dhani
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

