assalamualaikum ww
nepangkeun, nami samaran abdi aa risan. abdi warga jabar, ayeuna dumuk di aprika utara. pasna di maroko.
 hey baraya abdi bingah pisan ku tiasa nggariung di bumi sederhana ieu (milist ki sunda).
mugi seueuer manpaatna nya!.
 pangpangna abdi teh tebih ka lemah cai, atuh ku ayana ieu saung alus- kasono ka bedege teh rada kabangbrangkeun.
 
ukeun piduana ti baraya, abdi ayeuna nuju nulis tesis can undak -undak wae.
 
sim kuring teh meureun nyantri, tapi tacan tiasa wae ngaji kitab gundul teh.
 
insaalloh abdi tiasa ol (ngeleol/ nganjang ka saung ieu) tiap dinteun. alhamdulilah aya net di rorompok.
 
hatur nuhun ka sadayana.
wassalam 

L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alaikum salaam wr. wb.
Teh Puji, Kang Insan, wilujeng gabung di Kusnet. Nepangkeun sim kuring wasta
Lies.
Kawit ti Singaparna sareng ti Bandung oge, nanging kabandang ku nu
pangkasepna sa alam dunya janten nyangsang di Inggris.
Alhamdulillah ku ayana milis urang sunda urang janten tiasa patepang didieu.
Di palih mana di Cijambe na Teh Puji? Abdi gaduh rerencangan di Cijambe teh,
Ibu Ella istrina Pa Soni.
Anu bumina palih tonggoh di puncak pasir. Upami kenal pangdugikeun bae
salamna. Hatur nuhun.
Hatur nuhun Teh Puji sareng Kang Insan parantos narepangkeun didieu. Mugi
janten panyambung tali silaturahmi.
Baktos,
Lies
ps. Bilih bade nguningaan/nganjang tina komputer:
Corat-coretna di: www.teteh.com
Foto-fotona di: www.english-indonesian.com
Kagiatan sadidinten: www.annisa.org sareng www.indomuslim.net
Yahoo ID: Indomum


  ----- Original Message -----
  From: rechi ossa
  To: [email protected]
  Sent: Friday, June 10, 2005 2:54 PM
  Subject: [Urang Sunda] nepangkeun ti wargi anyar


  Assalamu'alaikum.
  wargi-wargi urang sunda, nepangkeun, abdi pun Pujiastini, neneh mah cekap
Puji bae. kawit ti Singaparna, Tasikmalaya, ayeuna bumen-bumen di Cijambe,
Ujungberung. Padamelan nu matuh sabage karyawan ITB.
  Ngawitan terang ayana KUSnet, ti rerencangan sapadamelan.
  Harepan abdi saatosna terang ayana komunitas urang sunda,  kanggo diajar
ambeh dina ngalarapkeun basa sunda tiasa luyu sareng anu sakedahna. utamina
mah hoyong seueur wargi.


> --- In [email protected], "Insan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Assalamu alaikum...
> > Abdi kenging ngiringan?
> > Nepangkeun ah.. nami abdi Insan, aseli ti Bandung, ayeuna mah
tos
> > damel di PLN wilayah Suluttenggo... Manado.. nembe 2 sasih didieu
> > meni tebih ti lembur euy!
> > kapungkur sakola di SD kartika nu di caket taman pramuka, SMP2,
> SMA 2
> > teras kuliah di Unisba..
> >








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel & more fun for the weekend. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke