Ass. Wr. Wb.
Hatur nuhun Kang M. Sasmita
anu atos ngemutkeun ka sadayana wargi kusnet,
saleresna mah abdi teh hoyong dongkap ka eta kongres,
ngempel sareng wargi kusnet supados seueur baraya
kujalan silaturahim.
nya atuh ngan ka hoyong wungkul abdi mah margi upami
dongkap mah duka teuing, lantaran :
ka hiji dina ping 19 teh dinten sabtu masih damel
ka duana teu gaduh cicis, da maklum ari kuli mah
saban poena pas pas an. malah dugi ka gali lobang
tutup lobang saur babasaan mah.
namung abdi nyuhun keun teu kirang-kirang hapunten
ka wargi kusnet nya eta abdi teu tiasa dongkap.
heueuh... sae.. sae pisan iyeu ku ngayakeun acara
ngempel silaturahim, mugi-mugi we ku Allah sing pada
di panjang keun yuswa sadayana amin...
tong dugi ka ngajanten keun hasil anu awon dina rengse
ngempel teh.
mugi-mugi wae sing pada bebas sarta beresih sadayana
manah wargi kusnet.
hayu urang nyuhun keun ka Gusti Allah supados
urang ngempel teh di pasihan ridho sareng rahmat di
Gusti Allah janten ibadah amin....
sakali deui abdi nyuhunkeun hapunten ka sadaya wargi
kunet upami aya kalepatan ti abdi, maklum ari sipat
manusa mah tempat na salah jeung bener,
salah wae da sanes setan, bener wae da sanes malaikat.
sakitu wae.
mangga lajeungkeun wargi
Wassalam
Endang
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya sadayana sabada gunem catur sareng MJ sareng
> Kang Sonirosa via
> telepon sareng tos kenging konfirmasi ti Kang HW via
> telepon ka Kang Soni
> ciosna kongres di Bandung teh Dinten Minggu kaping
> 19 Juni 2005, ngawitan
> tabuh 10.00 dugi ka rengse,tempatna di Kantor
> Cupumanik Jl Karawitan No 46
> Bandung.
> Acarana mah sapertos nu kantos di posting ku sim
> kuring nyaeta
> 1. Laporan YP ku MJ
> 2. Mapag Kongres Basa Sunda VIII, yen dina ieu KBS
> teh kedah ngalebetkeun
> dunya internet sabage salah sahiji jalan kanggo
> ngamumule basa Sunda
> dipadungdengkeun ku sadayana anu hadir.
> 3. Ngupingkeun pangalaman ti praktisi penerbitan
> basa Sunda/ buku Kasundaan
> ku Kang HW (Pupuhu Redaksi Cupumanik)
> 4. Silaturahmi papada baraya Kusnet (ngawangkong teu
> beres beres tea)
> Sugan we Kang Dipa Galuh Purba ge hadir.
> Mugi baraya tiasa hadir dina waktosna, boh anu ti
> Jakarta, Bogor sareng anu
> timana mendi.
> Diantos pisan.
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
__________________________________
Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/