Uluh aya Golek geuning, beu abong kiper nya, aya di Bogor ge mani teu apal. Cing pedar kang naon lalakonna?
 
Hatur nuhun.
Aya niat bade ka Bale Kota mung seueur alesan heu heu heu heu ...

 
On 6/13/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wah, telat macana eung...

Wik en ieu mah kuring teh ulin ka Bogor, mapay tapak sababaraha taun
ka tukang (heuheu... kawas nu heueuh!). Niatna mah hayang nempo acara
biantara Pa Anis Jatisunda tea di Bale Kota, ari pek kabeurangan
teuing datangna. Tungtungna mah ador2an bae, peutingna dipungkas ku
lalajo wayang golek Asep Sunandar di Bale Kota. Hehe, aya kana lima
taunna di Bogor, ari aya raramean di Bale Kota teh so tara pareng
lalajo. Na ari ayeuna geus di Jakarta, mani ngahajakeun datang ka
Bogor.
Tapi edas euy, teu kuat ku ngantuk. Kakara nepi ka jam 12 ge mundur ti
heula uing mah, teu pati kuat angin peuting deuih...

Oh enya, keur nungguan si cepot manggung teh, bet aya nu nyolongkrong
make kaos hideung, sablonananana bodas, aksara "badui". Horeng kang
Yayan Mul & baladna... Na terus leos ka mana harita teh?

kdr




--
Baktos,

Dudi Herlianto

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke