Beu...kutan kitu Ucokgate teh sababna ti si uda Ahda..keun we ari kitu mah, tapi kuduna mah aya klarifikasi ti nu ngaluuhan acara di TBTS eh TBJB.
Tumali sareng YHI..he.....he.....keun we lah da si uwa jagoan mah adatna kitu. Mun nulis artikel ge pan jegar jeger bae. Hadena teh YHI teh jalma masagi, sagala nyaho, widang politik, ekonomi, budaya, agama...naon deui.....kabeh bisaeun tah, mucunghul bae da artikelna di PR. Ngan palebah m********i mah duka he...he.....Kuduna mah sakali-kali diajak chatting nya.
Anjing ngagogog kusneters ngageuleuyeung........urang mah tetep we na gawe jeung hancaan urang.
cag ah
JP
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe Saptu isuk-isuk maca rubrik Khasanah PR nu aya tulisan Dhipa Galuh
Purba (ieu mah lain batak, tapi urang Panjalu, kuliah keneh di IAIN jeung
STSI, pangarang Sunda ngora, nu eusina netelakeun kalawan imeut kasang
tukang acara di Taman Budaya Jawa Barat tea perkara acara diskusi antara
Prof. Yusuf Affendi jeung si Ucok (Aminuddin TH Siregar nu cenah pundung
pedah pa Ucup make basa Sunda).
Ceuk kuring mah nu salah teh Ahda Imran. Si eta walaku wartawan
ngalaporkeun kajadian/acara teu imeut atawa teu jentre, aya bagean nu teu
ditulis. Usep Romli, salaku wartawan senior PR (geus pangsiun meureun da
cicingna di Garut) teu ngayakeun cek & ricek ka Ahda Imran. Dhipa nepika
nginjem kaset rekaman acara eta. Euweuh cenah nu ngamasalahkeun dipakena
basa Sunda dina eta acara. Ngan teuing kumaha bet jadi kiruh. CD rekaman
acara diskusi eta aya di Karawitan 46 cenah.
Panggih jeung Y. Herman Ibrahim
Kuring terus nga sms Hawe, Kang Tisna oge Dhipa. Nu pandeuri ngajak hadir
dina acara Forum Panyawangan, di hotel Santika, tukangeun BIP. tempatna
sisi balong ngojay. Dina spanduk aya tulisan diskusi Islam, Sunda &
Politik. Nu biantara tiluan, urang Forum Panyawangan, Y. Herman Ibrahim
jeung hiji deui �.Sujana. Ibrahim jeung Sujana dina acara eta minangak
neruskeun polemtik dina PR ngeunaan teuing. Kungsi aya baraya posting soal
eta di KUSnet. Dhipa cenah diondang alatan tulisanana di PR nu diantara
tulisanana nyebutkeun yen Sunda teh geus paeh. Acara teh make basa
panganteur basa Indonesia.
Dina cara tanya jawab, si kuring mere conto yen Sunda kungsi paeh. Nyaeta
soal basa Sunda nu teu diparake di dayeuh �tina buku Mikihiro Moriyama,
Semangat Baru, KPG 2005 tea. Basa Sunda asalna kapanggih aya di pedalaman,
digunung, nu sangkaan walanda mah, harita teh cenah masih keneh basa Jawa
dialekna beda. Beh dieu kapanggih yen tetela eta teh basa sorangan nu
mandiri. Lain bagean ti basa Jawa. Enya, da masarakat pasisian/desa eta
nyararita basa Sunda. Di kabupaten Priangan (dayeuh) para inohong harita
marake basa Jawa, beh dieu basa Walanda.
Si kuring ngawanohkeun karep ti KUSnet, komunitas Urang Sunda di Internet
(milis [email protected], milis urang sunda saalam dunya. (beres
nyebut saalam dunya, nu araya teh semu seuri, disangkana kuring heureuy.
Ah, dasar teu arapal!
Rada mentegeg oge ngadenge caritaan IYH basa nyarita KUSnet, yen KUSnet
teh siga nu masturbasi cenah. Ngan ngobrol papada anggota wungkul di
internet. Tadina uing rek balik, pundung, tapi panasaran nepi kamana
tungtungna acara. Ngan nepi ka dahar! IYH maca cenah tulisan baraya nu
ngabahas tulisanana di PR soal ramalan bom Bali tea. Miluan kitu di
KUSnet? Mun enya teh, mangga atuh urang sami-sami Masturbasi.
Ku sikepna kitu, kuring teu simpati ka manehna. Sanajan rada ngama�lum
pedah geus kolot. Komo mun noongna make cara jelema modern nu hirupna make
latar psikologi Freud (teori motif). Boa-boa sagala rupa gawean (nulis du
PR atawa nyarita di forum, ngalecehkeun sajarah, polemik jeung bu Nina
Lubis,oge jeung �Sujana) YH teh meupeus keuyang pedah pangkat manehna teu
nepi ka jenderal..! teu nyahoeun meureun si kuring butut-butut oge lulusan
cap gajah, sakola nu alergi ka tangtara sabab ieu nagara rusakna teh
kalolobana mah alatan maranehna (rejim Orde Baru). Dina naskah novel
kuring ka opat, judulna Epigram �geus disatujuan ku Gramedia rek
diterbitkeun tapi kudu direvisi cenah- kuring nyaritakeun demo msiswa nu
dilawan ku tangtara. Sigana Gramedia menta ngarevisi soal eta, pedah
kuring nulis goreng teuing soal tangtara. Haha.
Mun sagala dilumpatkeun ka masturbasi mah, nya juragan oge kitu. Hayang
ngagembleng barudak ku Islam politik, padahal kondisi di urang mah kiruh.
Sanajan mamawa ideologi �islam� oge, di urang mah ngaran partey teh euweuh
nu Islam. PKS, PKB, PAN. Beda ti urang Eropa nu jentre. Di Jerman aya
partey Kristen Demokrat. Malah cenah YH ayeuna kaluar ti PAN sabab beda
arah perjuangan. Nya sosoranganan mah hese atuh, moal nepi kamana-mana.
Jaba kasang tukangna militer. pangsiunan militer mun teu ngumpul di PDI-P,
di Golkar, di PKP nya meureun di Partai Demokrat atawa di partey sejen.
Manehna nyarita yen teu kabeh US nyaraho internet. Ah eta mah lain urusan
kuring. Mangga teh teuing. Hasil diskusi dina internet teh kudu
disosialisasi cenah. Kuring teu terus nembalan sabab geus teu minat jeung
beda cara lumpatna. Internet oge media ayeuna mah. Lain ngan ukur koran.
Jaba ari koran mah bisa dimuat bisa henteu. Aya watesan.
IYH, 34 taun jadi tangtara (sigana ti AMN, pangkat pamungkas kolonel,
saangkatan Wiranto, biasa, alumnus AMN nu prestasina biasa-biasa bae mah
ngan nepi kolonel, nu keur jaman Orba mah, terus jadi bupati, jadi
beunghar :) Manehna teu ngarasa reueus cenah jadi tangtara, sabab teu
kungsi perang. Nu jentre mah cenah maehan rahayat sorangan. Nya nuhun ari
ngaku mah, sanajan geus pangsiun, ngakuna teh. Manehna ngaku yen kungsi
jadi kaki-tangan (penguasa), ayeuna hayang jadi mantan kaki tangan nu hade
cenah. Mangga teh teuing. Dhipa nganuhunkeun ku ayana tokoh �anyar� nu
beda jurus dina koran PR. Duka tah sok nulis teu di koran sejen (?).
Tulisan opini mah, sarua oge jeung masturbasi. Mending keneh urang
(KUSnet) geus boga hanca nu puguh (kanu teu acan apal, buka
http://yp.urang-sunda.or.id)
Nya acara teh nepi ka dahar. Teu unggal bulan dahar beurang di hotel.
Hehe. Balik dibonceng Dhipa bari teu make helm ieuh.
mj
http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Yahoo! Groups Links

- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: [Urang Sunda] acara Forum Panyawangan Jalak Pakuan