|
Kang Dudi sareng baraya
sanesna,
Rada reuwas upami sim-uing dijantenkeun
conto, raraosan mah ari kutrat kotret di ieu milis teh sok sabeledugna, kadang
teu puguh entep seureuhna. Upami ua Sas sareng mama manaR mah panginten teu
kedah dicaturkeun deui, da tos jaminan mutu perkawis surut serat basa sunda
mah.
Ngan rumaos upami nyerat teh, samemeh
dikintunkeun sok diparios heula kenging tilu balikan mah, boh kecapna,
basana, komo palebah "e" sareng "eu" na mah, sok ati-ati pisan, malihan sok
dites pokal heula. Pami nuju diucapkeunana asa merenah kana letahna,
hartosna leres palebah ngalarapkeun kecapna ( kade tong seueur saur kanu sanes,
ini rahasia lho )
Punten sanes mapatah ngojay ka jetski, ieu
mah ngan ukur ngabeberkeun kabiasaan sim-uing. Aya paripaos geuning, bisa
lantaran biasa, nya sapertos diajar nyetiran setum we panginten, pami ku
sering sering mah, setum nu sakitu abotna, ngagugu digulak-gilek
kamana mendi ge, kitu oge perkawis serat menyerat, utamina nyerat basa sunda, ku
sering-sering teuing mah panginten tiasa di luar leor kawas oray.
Hatur nuhun,
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Pelatihahan (Sunda?) Nyerat... syam ridwan

