Wa'alaikumsalaam w. w.

Pasti S-na Sudrajat nya? Hampura bae mun salah mah... Enya tuda pantesna, nu boga ngaran hareup Jajat atawa Ajat mah, ditungtungan ku Sudrajat. Sapertos Dudung, pantesna teh ditungtungan ku Padungdung, Dudung Padungdung. Heuehue... punten ka nu namina Dudung (komo ka Pa Dudung, punten kumawantun..) sanes maksad ngaheureuykeun, mung ngaheureuyan wungkul.

Wah, di wewengkon Cikarang mani loba euy KUSnet teh... Ka nu di Cikarang, Kang Hendri maskot Epson, bumina di Cikarang Baru, sababaraha waktu ka tukang ngajakan nguseup ka baraya KUSnet. Saha nu resep nguseup? Wang nguseup yu?!

kdr

On 6/15/05, J�j�t-te� <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mugi-mugia warga di ieu kampung kusnet aya dina panangtayungan Mantena.Amin
saparantos.ngaos postingan ti Kang kumincir..(netiket) aeh..simkuring teh teu acan nepangkeun diri..da tos lami lebet ka ieu kampung kusnet teh ngan resep mantau lilis eh millis wungkul.Tah kikituna..nepangkeun simkuring
di pasihan nami Ku Pun biang teh Jajat S..Kawit ti Bandung (jl.Rajawali)
Pun rama pun biang linggih ti Rajawali sedengkeun mertua linngih ti Rajamandala (sami-sami Raja)..


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke