Hoyong mairan perkawis Aki Achdiat Karta Mihardja. Juma'ah anu kalangkung Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB UI) ngulem Aki Achdiat diskusi buku enggalna "Manifesto Khalifatullah" anu diterbitkeun ku Arasy/Mizan.Moderatorna Kang Maman S. Mahayana (dosen FIB). Kuring datang teh acara tos satengah jalan. Jadi ngan kabagian sapotong, tapi alhamdulillah masih kabagian nanya.
Ari dina panganteur sang moderator mah, Aki (Kalahiran Cibatu Garut 1911) teh kantos ngajar di FIB (kapungkur mah namina Fakultas Sastra UI) titaun 1958 dugi ka 1961 (mun teu lepat mah), samemeh "hijrah" sareng ngajar di Australia. Buku roman Atheis anu dicitak taun 1949, ari saur pa Sapardi Djoko Damono (presiden prosa Indonesia, anu ngadosen di UI oge) mah kalebet salah sahiji karya anu "fenomenal". Margi waktos jaman harita, yuswana Aki anu masih kaetang anom tos tiasa ngadadarkeun konflik ideologi anu teu acan kapikiran ku penulis sanesna. Pan jaman harita mah (penulis angkatan Pujangga baru) nuju rame "polemik kebudayaan" antawis wetan sareng kulon, anu diwakilan ku novel kayaning Layar Tekembang seratan Sutan takdir Alisyahbana. Perkawis polemik kebudayaan ieu sareng tokoh-tokohna, dipedar deui sacara salintas janten dadasar (alur) dina "Manifesto Khalifatullah". (Upami urang maca "atheis" teras maca Manifesto Khalifatullah, aya "benang beureum"na anu jelas pisan). Sigana teh Aki bade ngajentrekeun perjalanan panjangna salami ieu, yen hirup teh sambungan "loncatan-loncatan" hiji pipikiran kana pipikiran sejenna, anu pungkasna nyaeta hirup teh hiji wasiat pikeun nanjeurkeun khalifatullah, merangan makhluk "setan" (atawa ideologi), anu ngahalangan manusia supados teu tiasa jadi makhluk khalifatullah. Aki anu kantos ngalaman 5 jaman (Walanda, Jepang, Orde Lama, Orde baru, Reformasi), anu paling bangga (=hese, sangsara), waktos jaman penjajahan. Margi jaman harita teh urang Indonesia atawa anu cicing di Indonesia dibagi sababaraha kelas, urang Indonesia aya di kelas panghandapna. Cita-cita aki anu pangahirna hoyong ngadamel buku biograpi. Waktos ku kuring ditaros, naon tandana yen aki teh Urang Sunda jeung kumaha ngamumule adat-budaya Sunda, padahal pan Aki tos ngalanglang buana, puluhan taun tebih ti lemah Cai. Ari pok teh cenah, Aki masih leuwih seneng lamun ngobrol ngangge basa Sunda, sabab kaya variasi kecap-kecapna, nya kitu oge kasenianana, sapertos kasenian tarawangsa, wawangsalan sareng sajabana. baktos, mrachmatrawyani --- [EMAIL PROTECTED] wrote: > Punten ah teu di sundakeun, kenging ti kompas..... > > > > Jakarta, Warta Kota > > Usia senja terus berkarya. Walaupun tubuh sudah > dimakan usia, tapi > ide-ide bernas masih mengalir deras. Ya, itulah > Achdiat Karta Mihardja. > Di usianya yang ke-94 tahun masih bisa meluncurkan > novel terbarunya. > Novel itu berjudul Manifesto Khalifatullah. "Buku > ini tidak hebat > seperti Atheis, tapi lebih baik dari Atheis," tutur > Achdiat di Galeri > Cipta II-TIM, Selasa (7/6). __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

