ieu carita minangka alesan teu bisa milu acara rancage di tim jkt.
hanjakal karuh teu bisa. tapi di pangulinan pabeubeurang aya gawean ti
dunungan, nyiapkeun (make power-point) presentasi dunungan (rektor) pikeun
ngaliwujengkeun tamu ti jepang, jetro, nu rek ngulampreng ka jurusan
teknik lingkungan (gedongna make ngaran Loka Buwanalamba). sigana urusan
lingkungan hirup.

memehna, geus meunang ondangan ti panitia Kompas Gramedia Fair di Sabuga.
nya kapaksa ka dinya we isuk-isuk teh. nu deukeut jeung masih bisa terus
ka pangulinan. diondang soteh meureun pedah si kuring nulis novel terbitan
grup Kompas Gramedia (grasindo).

Angklung Mang Ujo
acara dipapaes ku puluhan barudak (umur SD jeung TK) ti Saung Angklung
Mang Udjo, maraen angklung. barudak umur TK nari, make baju kelir caang,
kabaya jeung samping polos (nu awewe) nu lalaki, kampret jeung pangsi
bodas tea make iket barangbang semplak. lalucu barudak teh. inget ka neng
tizzy. bras teh nempo ka gigieun panggung, aya dua wanoja (ti panitia
sigana) make kabaya brokat jeung samping batik, gareulis naker....poho
kanu di imah :p

Dany
juragan jabar 1 sumping dipapag longser jeung payung. calik di payun da
VIP. oge Tjetje Hidayat Padmadinata, ketua DPRD, sekkot bdg, wakil
pangdam, wakil kapolda, jst.

karek nempo Dany ti kadeukeutan. si kuring diuk di korsi barisan katilu.
beda urang sipil mah, teu katingal gagah perkasa siga R. Nuriana atawa nu
samamehna (nu jenderal wungkul). gan Dany mah gubernur sipil, sanajan ti
golkar (dicalonkeun ku golkar). harita lawanna ti PDIP, (mayjen purn) Tayo
Tarmadi jeung wakilna (ketua PDIP Jabar-urut ketua PDIP Bogor) Rudi Harsa
Tanaya tea

Kompas Gramedia Fair teh pameran buku jeung mangrupa-rupa acara di Sabuga,
jl. tamansari -gigireun babakan siliwangi tea. 14-19 juni unggal dinten
nepi ka jam 9 peuting. diskon 20-70%.

di stand Grasindo aya novel si kuring, Louisiana Louisiana & Rakkaustarina :p


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke