Tok-tak-tok-tak-tok-tak
Tok-tak-tok-tak-tok-tak

Heuy...dulur!!!
Geus dikoncian pantona?
Ulah tibra teuing atuh sarena
Benta heula atuh sakeudeung
Tempoan heula bisi aya penampakan
Ayeuna pan keur usum rampog di dieu the

Aehhh...gening euweuh nu ngajawab
Keur ngimpi ngojay jeung Neng Artika meureun nya
Untung kuring teu bisa ngojay
Gaya batu jeung gaya ekek paeh mah bisa

Tok-tak-tok-tak-tok-tak
Tok-tak-tok-tak-tok-tak

Tok-tak wae ti tatadi
Cing urang ganti make sora poliponik
Curiling...curiling...cring...cring
Curiling...curiling...cring...cring

Ayeuna ganti ku wav
Pak, awas ada ling maling pak
Long tolong pak dikonci tu pintunya pak
Sekarang lagi banyak lin gmaling pak
Yoayo pak waspada pak
Jangan durtidur mulu pak
Wasawas ada ling maling pak

Hihihi...

Huaaahhhhh...tunduh euy...
Puguh batur keur ngeunah nyegrek
Kuring mah kukulintingan tengah peuting
Nasib...nasib...
Coba lamun kuring siga Bill Gates
Tangtu moal dititah gawe siga kieu
Paling dipenta diskon keur warnet
Bere we diskon 70%
Karunya ka urang Indonesia mah mariskin

Huaaaahhh...sinarieun meni tiiseun kieu euy
Ti sore hujan wae atuh da
Sugan geus wayahna usum hujan nya
Keun wae lah ieu mah rizki keur patani jeung ojek payung
Ngan hanjakal usum hujan di dayeuh mah
Sarua jeung usum nyeker jeung calana sieun ku cacing
Lain nanaon...banjiiirrrrr...
Heuheuy...karunya nya urang dayeuh!

Huahhhhh...seug lamun aya cikopi mah rada lumayan yeuh
Ulah cikopi ketang, anggel wae lah
Keur ngagoledag dijuru
Bari ngarengkol diharudung sarung
Her...ngaguher naker meni leker
Sugan ngimpi ngojay jeung Neng Artika

Huahhhh...geus ahhh...bade sleeping heula
Zzzzz...



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke