SOLEH
& SOLEH
Rumasa munggaran ceceremed teh basa
aya nu apel ka imah tatangga, ngadodoho sendal kulitna anu weuteuh
keneh. Dasar papaok amatiran keneh, kurang lihey campur jeung
geumpeur, ari nu didodoho sendal kulit, ari nu diringkid bakiak kai.
Bedul ! Ari hate mah asa teu purun, jadi jalma panjang kokod teh, kahayang mah
kawas batur, gawe dirohangan husus tur nyecep ku ac, tiis lir nyempod dina
kulkas, gawena ngan ukur ngadangong dihareupeun komputer, siga nuheueuh sibuk,
padahal keur noongan imel dina milis atawa keur ceting jeung wanoja anyar
panggih, giliran abis bulan dompetna mudal tur merekis ku duit
gepokan.
Kahayang tinggal kahayang, kahayang
ngan ukur dina lamunan, bener ceuk babasan kaduhung mah tara
tiheula, kaduhung baheula sakola teu junun,ngaheulakeun beger,
antukna lain pangarti anu kaala, tapi popotongan we ngaleutak. Enya
sakapeung mah sok ngarasa hariwang, boga kalakuan kieu teh, boa enya hiji
waktu mah bakal katewak, dibeberik, diuber, dikepung, ditareunggeulan,
dijejeleh, maenya cenah kasep kasep boga kalakuan kitu patut. Keun bae
ketah da ari nu kasep mah biasana sok aya nu ngabela. "Duh lebar temen
boga rupa hade tapi kalakuanana teu hade, ah boa-boa matak kitu ge keur
hilaf sigana mah !". Heueuh mending mun ngaromong kitu, boa kalahka
nyarebut kieu " Hayang nyaho, nu kasep teh siga kumaha nya !" bari
jekok peureupna nyayang kana cukang irung.
Heuheuy ....nya jadi ge-er kieu,
kawas goong nabeuh maneh, tapi henteu kituna, sanajan enya sacara de
jure can boga sertipikat kasep ti Badan Perkasepan Seluruh Pasundan, tapi
sacara de facto pan geus diakui ku para wanoja, buktina geus teu kaitung
wanoja nu kapengpeongan. Keun, tenang we can boga sertipikat kasep ge,
da ari sertipikat mah bisa nyusul, najan teu kaluar aslina,
pan bisa nyieun nu aspal, nu penting laku heula tur popotongan balatak
dimana-mana.
*******
Kaayaan lembur combrek tiiseun
kawantu sorena tas hujan ngagebret, jalma-jalma loba nu milih ngagojod
dijobong tur kerek patembalan patarik-tarik, padahal harita
karek jam satengah sapuluh peuting . Lamun keur lalajo tipi mah
mimiti kalaluar iklan roko. Sabalikna pikeun kuring mah,kaayaan kitu teh
kasempetan pikeun nyalurkeun hobi. Keteyep kuring ngadeukeutan gedong sigrong,
terus noong tina sela sela pager. " Beu geuning ngaran nu boga imah teh sarua,
Soleh, ngan ieu mah diimplik implikan haji !" hate ngagerentes bari melong
kana papan nama anu nempel dina tembok. Enya sakapeung mah sok era sorangan,
ari ngaran Soleh ari pagawean ngalakukeun nu salah. Tapi dalah dikumaha,
da ari teu puak paok teh sok asa ateul sagala rupa, timimiti leungeun tug
nepikeun ka bujur.
" Gusti mugia ulah
kapanggih kusasaha !" hate ngagerentes deui. Mahiwal batur mah ngadu'a teh
menta ditangtayungan kana jalan kasalemetan, ieu mah tibalik. Sajeroning
ngadu'a ,otak mah mimiti mikir neangan pijalaneun, sedengkeun sakuliringna
ditembok tur luhurna make sarigsig beusi, jangkungna aya kana dua
tangtungan mah. Bleg we kawas kantor kadutaan nu aya di Jakarta. " Beu asa
pamohalan bisa asup, da lamun asup ge kudu mileykeun beusi uril heula anu
sagede alaihim. Hanjakal atuh teu guguru heula ka Deddy Courbuzier, meureun
bisa mileykeun beusi. Ah..balaka wae kitu yen kuring teh nek maling, enya
mending kitu wae !". Hate galecok noroweco.
" Punten !" terus dipindo deui.
"Sampurasun !"
Horeng nu boga imahna mah keur
cinekul we wirid, ditungtungan ku ngadoa
" Duh Gusti mugi sing di
tebihkeun tina bala'i sareng diriksa ti jalmi-jalmi anu bade niat jahat
!" parat ngado'a, terus ngojengkang muru lawang panto, bari
nembalan.
" Mangga, saha eta ?" ceuk haji
Soleh.
" Abdi nun !"
" Abdi saha ?"
" Abdi, tamu teu diondang
tea, bade ngadon papaling didieu, kinten-kintena diwidian
teu?"
" Baruk !" haji Soleh ngahuleng,
tarangna ngadadak karijut siga nu mikir. Dina jero hatena meureun ngagerentes,
na aya maling jujur-jujur teuing.
" Ke..ke..bapa mah asa karek
manggihan maling jujur kieu, da biasa na mah maling mah tara ngaku sanajan
barencut digebugan ge. Padahal jaman kiwari mah harga kajujuran teh mahal
pisan !" sambungna deui.
" Kieu we atuh jang, ujang can
gaduh avanza ?
" Manawi matak rajin papaling ge
kanggo nambihan meser eta !"
" Terus katingali teu di garasi
bapa aya mobil sabaraha ?"
" Katingalna mah aya tilu, avanza,
opel blazer, sareng honda jazz ?"
" Terus ujang masih keneh
lelengohan ?"
" Numawi, ari popotongan mah di
unggal pengkolan, namung can aya nu ngajodo !"
" Terus apal teu anak bapa aya
sabaraha ?"
" Manawi teu acan apal
!"
" Bisi can can apal mah, anak bapa
teh boga tilu, awewe kabeh, mun kembang mah keur sumedeng
ligar, rupana aramucuy ngala ka indungna !"
" Tos aya calonna pa
?"
" Matakna can aya, cenah mah hese
pisan neangan lalaki nu jujur teh !"
" Teras naon
hubunganana naroskeun lelengohan ka abdi ?"
" Moal waka dijawab, sabab aya
amanat ti nu ngarangna, mun aya pertanyaan samodel kitu ulah waka dijawab!"
ceuk haji Soleh, matak gantung areuyeun.
syam
ridwan.