Upami ningali potensi Kusnet sareng baraya anu aya di babakan Kusnet, perkara anu dipedar ku Kang Oman tiasa dilaksanakeun. Sakantenan "uji-coba" dugi kamana kaunggulan Kusnet dibandingkeun sareng media sanesna. Ayeuna mah "curah pendapat" wae heula, permasalahan anu mucunghul di masarakat perkara kasundaan. Teras ngadamel pola kerja sareng udagan anu hoyong dijugjug. Pembagian tugas sareng wates ngarengsekeun tugas eta. Anu kaemutan ku simkuring saayeunaeun mah kitu. Mangga dikoreksi atanapi ditambihan.
baktos, mrachmatrawyani --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya Sunda, US, Kisunda, saalam dunya, > Nitenan kaayaan wacana ngeunaan Sunda, boh anu > sifatna kagiatan sarupaning > pejemuhan/seminar, wawancara ahli, diskusi di tv, > oge acara-acara lianna di > lemah cai, khususna Tatar Sunda, kiwari keur > meujeuhna reang. > Kacindekan pamungkasna: Ngabageakeun pisan ka > sakumna US anu geus ngayakeun > pagempungan-pagempungan ngawacanakeun kasundaan. > Tur, saterusna, miharep > sangkan aya sawala gede ngeunaan naon rupa jejer > jeung lengkah tindakanana > anu salila ieu geus dipajemuhkeun. Lebar ku biaya > upama heunteu aya > lajuninglakuna mah. Kumaha kira-kirana? Naha Kusnet > bisa ngabidanan > koordinasi jeung gawe bareng saperti kitu? > baktos, > manAR __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

