Aduh
kang Endang,...Masa Uwa Rachmat dibilang Neng...
salah atuh Kang,,,coba revisinya..
hatur nuhun,
Salam,
Rafly
-----Original Message-----upami di lenyepan email ti Neng MRachmat Rawyani
From: supriyadi endang [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, June 16, 2005 10:05 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Kusnet di Rancage
rupina mah aya bakat janteun pemerhati budaya
kasundaan
nya leres kitu Neng MRachmat Rawyani.
punteun ah upami lepat mah.
Wassalam
Endang
--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Ari pikeun kuring mah, sok maksakeun ngaluuhan acara
>
> rancage teh, hayang ningali "tapak" para tokoh,
> sugan
> wae atuh aya sasieureun sabeunyeureun anu bisa jadi
> picontoeun atawa pieunteungeun. Sabab mun hayang
> informasi saha anu meunangkeun hadiah rancage, kari
> nungguan wae ti koran atawa "harewos" ti batur.
>
> anu katingali ku kuring mah, aya sumanget (anu hese
> digambarkeun) ti para tamu anu haladir dina eta
> riungan. Padahal mah para tamu anu haladir teh
> umurna
> kawilang geus nincak sareupna ( sapertos Aki Achdiat
> K
> Mihardja). Ngariksa budaya teh hiji pagawean anu
> bangga (=hese), teu bisa instan (=seketika) siga
> dahar
> cabe/cengek langsung karasa heuhahna. Upama urang
> nitenan karya mang Ayip (novel di tengah keluarga,
> kaluaran taun...?) atawa Atheis jeung Manifesto
> Khalifatullah (karya Aki Achdiat), katingali
> karya-karyana teh pinuh ku "proses pembentukan
> kepribadian", kumaha budaya mangaruhan kana
> perkembangan pribadi tokoh-tokohna. anu jelas mah
> eta
> dua tokoh, sok sanajan "nyeuseup' hawa jeung budaya
> "barat", tapi tetep we teu ngalunturan kacintaan ka
> budaya Sunda. Sikep siga kitu sigana anu hese bisa
> dipikanconto ku urang salaku generasi ayeuna. Sabab
> tantangan jeung kaayaan jaman kiwari beda jeung
> jamanna Ayip Rosidi atawa Aki Achdiat. Tapi lain
> hartina teu bisa sama sekali, miconto naon-anon anu
> geus ditaratas ku dua tokoh eta. tah didieu perluna
> strategi kebudayaan, anu sawatra kaliwat tos
> didadarkeun ku Kang Oman.
>
>
> Perkara kawijakan pamarentah anu prahmatis dina
> ningali perkara kabudayaan, hiji hal anu kudu
> diteangan cara mangaruhan para gegeden di
> pamarentahan. ari ceuk kuring mah, kudu
> disanghareupan
> ku argumen-argumen ilmiah ti lingkungan paguron
> luhur,
> pentingna mulasara budaya, siga anu dikedalkeun ku
> Prof.Dr. Kusnaka Adimihardja (Mahaguru Antropologi
> Unpad) dina acara seminar "Sunda, Siliwangi,
> Pajajaran" di Balaikota Bogor saptu anu kaliwat, yen
> tehnologi, elmu pangaweruh Barat jeung filsafat
> kapitalistik anu ayeuna dianut pamarentahan teh
> ngadeukeutkeun dunya kana kaancuran. Aki achdiat
> ngajentrekeun dina buku "Manifesto Kalifatullah".
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
> --- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Nambihan:
> > 1. Nu ngaluuhan teh seueur nu tos sararepuh tapi
> nu
> > boga ngaran ku prestasina sapertos Kang Ajip (bade
> > 70 thn), Ramadhan KH, Aki Achdiat jste. Angkatan
> > sahandapna saha?....sigana aya gap nya jeung
> > nonoman/generasi urang sunda sahandapna;
> > 2. Peurih hate Kang Ajip, hayangna mah aya rancage
> > teh karya-karya nu meunang jadi rebutan urang
> sunda,
> > supaya dibaraca, penerbitan hirup, nu narulis
> nambah
> > terus muter nu ahirna kabudayaan hirup & tumbuh,
> > atawa paling henteu atuh pemda nyitak buku keur
> > ngeusi pabukon2.....Tapi duanana ge teu kajadian.
> > 3. Saur Kang Ajip aspek Budaya teh nepi ka ayeuna
> > can pernah jadi perhatosan pamarentah. Budaya teh
> > ngan ditempo ti sisi komersial nu matak dihijikeun
> > jeung pariwisata.
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>
__________________________________
Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

