Baraya,
 
Teu pira mimitina mah, kaindit ku tapak mantuan si cikal, kelas 3 smp nalika inyana meunang tugas pangajaran basa Inggris ti guruna, kudu neangan carpon basa Inggris. Ti dinya ngolebat harepan lahirna hiji garapan ngaliwatan dunya maya, anu ceuk pipikiran mah, kacida warga Kusnet jeung nu sejenna kongang migaweanana: ngumpulkeun jeung nyieun carita pondok (carpon) anu disimpen dina hiji website. Ieu garapan teh ngawengku boh carpon klasik (kahirupan manusa atawa sasatoan alias "fabel") atawa katompernakeun. Nya upama ieu implengan kalaksanakeun (aya anu ngalaksanakeun), baris ngandelan deui bukti yen internet teh bisa digunakeun pikeun mateakeun basa jeung Sastra Sunda. Samemeh ngaguar ieu impian lewih jauh, muga diijinan si kuring ngadongeng heula lalampahan mantuan si cikal tadi.
 
Harita, waktu si cikal menta bantuan sakumaha disebut di luhur, si kuring tuluy lalayaran di dunya maya make kapal yahoo search kalayan ngagunakeun kecap konci "fabel" jeung "stories". Sanggaeus ngaberedel sababaraha pilihan alamat website anu ngandung eta kecap konci, nya si kuring milih tilu alamat pikeun tugas si cikal. "Keun sina milih", cekeng teh. Tilu alamat teh Alhamdulillah, salian ti kapake ku inyana, oge keur si kuring sorangan kacida matak sugemana. Ngaliwatan tilu alamat web ngeunaan carpon dina basa Inggris, si kuring asa balik deui ka mangsa budak nepi ka rumaja (nyaan ayeuna mah teu ngarasa rumaja keneh, apan cirining kolot teh resep ka budak, hehehe, punten sabulangbentor heula). Tilu alamat carpon dina basa Inggris ieu teh nyaeta : http://www.aesopfables.com/ , http://www.classicshorts.com/stories/ jeung http://www.storybytes.com/index.html .
 
Dina alamat kahiji, Aesop Fables tea, lamunan si kuring bari macaan tulisan na layar pc meunang sajam dua jam mulang deui ka jaman keur budak nalika mindeng macaan dongeng tina buku atawa didongengan ku kolot anu kabeh ge karasana harita endah pisan (nepi ka ayeuna oge sabenerna mah masih narapel kaendahanana teh). Dongeng-dongen saperti: "Sireum jeung Tikukur", "Biruang jeung Dua Urang Jelama anu Keur Lalampahan", "Singa jeung Beurit", jsb, kateang deui ngaliwtan internet, estuning mulangkeun panineungan baheula. Aya anu picontoeun dina nyebarkeun informasi ngeunaan dongeng sasatoan di dinya teh, nyaeta anu di muat dina alamat web bieu teh lain ukur rohangan leunjeuran carita, tapi dilengkepan oge ku rohangan sejenna kayaning: "Lesson Plans", "Comments/Suggestion", jeung "Suggested Moral" nepi ka anu maca teh bisa icikibung ngeusian eta rohangan minangka apresiasi kana unggal dongeng anu dimuat. Pikeun jelasna mah mangga bae geura pariosan dongeng-dongeng ngeunaan sasatoan pikaresepeun barudak di alamat ieu : http://www.aesopfables.com/ . Anu jelas, sing saha bae anu geus lalayaran ka alamat web ieu tangtu baris nganuhunkeun ka juragan Aesop (urang Perancis anu mashur salaku pangarang carita-carita anu make tokoh sasatoan), jeung, "last but not least" ka sugri anu yieun jeung ngokolakeun webna.
 
Dina alamat web kadua, http://www.classicshorts.com/stories/ , kasono kana karya pangarang-pangaran carpon kaliber dunya kayaning juragan Guy de Maupassant, Charles Dickens, Mark Twain, jrrd, kaubaran pisan. Enyaan alamat web "Classic Short Stories" mah ngakhususkeun maneh pikeun nyebarkeun jeung nyumponan kahanaang para carponik (anu resep kana carpon) kana carpon-carpon klasik anu endah tur luhur ajen-inajenna. Mangga, ka sing saha bae anu sono kana carpon-carpon kaliber dunya anu klasik, geura mukaan bae alamat web bieu. Sarua jeung anu samemehna, sing saha bae anu geus ngarasakeun endahna ieu carpon-carpon klasik tangtu dina akhirna baris nganuhunkeun ka pangarang-pangarang kaliber dunya anu sakitu ageung yasa dina ngahirup-huripkeun dunya carpon, jeung, "last but not least" ka sugri anu nyieun jeung ngokolakeun web anu ngamuatna.
 
Ku alamat anu katilu, http://www.storybytes.com/index.html  , si kuring bati hookeun. Horeng kitu ari kamajuan di nagara maju, ngawengku widang basa, khususna sastra, bil khusus sastra Inggris salaku jejer garapan. Dina 'Storybytes", ngaliwatan internet, saha bae anu boga karep tur daek, bisa nyieun carpon jeung aya kamungkinan dimuat ku anu ngokolakeun webna. Anu matak hookeun teh kanyataan yen , dina web ieu carpon-carpon (story) teh digolongkeun ngagunakeun jumlah kecapna atawa sifatna. Kukituna di dinya urang baris manggihan kelompok carpon anu pohara pondokna, nepi ka aya anu ngan ukur 2-3 kecap ("Very Short Stories") jeung kelompok carpon-carpon anu pondok ("Random Short Stories"). Kelompok carpon-carpon anu pohara pondokna dibagi deui jadi "256 words", "1024 wrods", jeung saterusna. Enya atuda nyieun kelompok sarupa kitu teh kongang kacida upama nyieun carponna ngagunakeun komputer (bisa "word count" tea). Karana kamajuan teknologi jeung kamotekaran pangarang, dunya carpon dina internet kacida dinamisna. Kanggo jelasna mah mangga bae pariksaan alamat webiste-na.  Anu jelas saharita, sanggeus macaan carpon dina alamat web ieu, sadayana oge tangtu baris nagnuhunkeun ka saha bae anu nyeratna, jeung, "last but not leat" ka sugri anu nyieun jeung ngokolakeun website-na.
 
Baraya, ku ngadadarkeun lalampahan jeung naon anu kaalaman salila si kuring neangan bahan carpon tina internet keur mantuan si cikal tea, sigana geus kajudi ku sadayana oge, kamana losna implengan anu di luhur kembangna geus diebrehkeun. Enya, rada ngalamun satengah ngimpi, hiji waktu urang anu keur lalayaran di internet baris gorehel manggihan alamat website ngeunaan carpon-carpon Sunda pilihan (saperti: "Sawidak Carita Pondok", jsb), atawa web anu muat dongeng-dongeng Sunda saperti "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet" di Internet.  Timbang ukur jadi impian soteh upama US teu rancage. Geuningan ari dikeureuyeuh mah PS jeung TQBS oge geus mimiti ngaleuleunjeur. Sugan atuh website khusus Carpon Sunda oge dina waktu anu deukeut geus mimiti aya anu ngabaladah.
 
Baktosna,
manAR
Baktos,
 
 
 
  

 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke