Mmhh... hanjakal abdi teu tiasa muka attachment:((
MJ kantos ningali kembang ros nu warnana bungur teu?

Lima taun nu kalangkung abdi pernah kabungbulengan ku kembang ros
bungur. Dugikeun ka ngaprak ka Cihideung, weleh teu mendak:(( 
Untung harita abdi teu keur nyiram:D

Salam,
Gilang


--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> keur jomblo keneh, si kuring sok perang jeung rasa kasepian (teu
kasepian
> kumaha, cicing di imah tipe 36 di antapani ampir 11 taun sorangan).
salah
> sapuluh perangna teh nya ku cara ngalukis. ieu lukisan dalapan
kembang ros
> beureum nu pamungkas kuring jieun.
> 
> sabenerna aya kana opat-lima kali kuring nyieun lukisan 8roses teh, mung
> geus anggeus, dibikeun ka istri nu keur jadi kabogoh atawa nu keur
> dikeceng. urang jakarta hiji, urang bekasi hiji, urang bandung 2, nu
> keukeuh nolak padahal geus dibere lukisan ros hiji..
> 
> aya nu kungsi mulangkeun, pedah si kuring teu mere kaputusan jadi
kabogoh.
> harita keur sakola deui es teller. urang bekasi. ngamuk si eta mah,
urang
> wetan aslina mah. ayeuna geus rarabi. nya nuhun we. manehna kungsi mere
> kaos alus basa kuring lulus s2, jeung hanjakal cenah mulangkeun lukisan
> eta, padahal teu pati tanda cinta, ngan ukur hadiah ulang taun. jagoan
> komputer.
> 
> nu teu nolak hiji. indungna si tizzy. ayeuna eta lukisan aya di kamer...
> 
> beu..perjoangan neangan batur hirufpv nepi ka dinya tah...
> 
> tapi ayeuna mah geus lila teu ngalukis deui.  meuli cet minyak + kanvas
> teh asa teu tega, da duitna ngan bisa pikeun jang susu budak. ongkoh da
> ngan pikeun ngabangbrangkeun hate harita. haha
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke