Enya basa teh maju mundurna kumaha anu makena sok sanajan basa Sunda masih keneh diparake tapi sigana bakal aya kecap kecap anu bakal ditinggalkeun, teu dipake deui kulantaran eta kecap geus arang langka disebut nu jadi margana mah nyaeta harti tina eta kecap geus tara (langka) dilakonan deui.
Siga kecap gacong, porekat, reueuy jste.
Geura we gacong teh kapan hartina sasangga sapocong ari sasangga nyaeta sapuluh pocong, ieu istilah gacong sok dilarapkeun ka anu buburuh dibuat, ngala pare, lamung meunang sasangga diburuhan sapocong, kulantaran ayeuna mah anu dibuat teh geus tara make etem, cukup diarit jeung harita keneh terus diirik sangkan parena murag tina ranggeuyanana.
Porekat atawa morekat anu hartina malikeun jarami, dina raraga molah sawah dina mangsa maju kana usum katiga, kulantaran sawah mangsa kiwari mah geus kasedek ku gedong jeung real estate nya meureun lila lila mah eta kecap teh bakal sirna, sok sanajan di pilemburan mah sawah teh lega keneh, tapi kapan parena ge ayeuna mah geus beda jeung pare jaman baheula, nu kaciri pisan teh pare ayeuna mah pararendek, ari baheula mah kapan satangtung satangtung sok resep bisa dipake ucing sumput jeung deui molah sawahna ge geus beda carana antara jaman baheula jeung ayeuna mah, duka teuing atuh ari morekat teh masih aya keneh atawa hanteu.
Reueuy, nyaeta cai panggodogan kulit tangkal salam nu sok dipake nyelep heurap atawa kecrik sangkan kuat jeung awet, ari ayeuna mah kapan heurap atawa kecrik teh dijieuna tina kenur jadi teu perlu digodog dina reueuy, ari baheula mah nyeiun heurap teh tina bola kanteh atawa tina akar-akaran anu dirara (digintir) supaya jadi kuat tur awet jeung supaya henteu muntir nya sok dicelep dina reueuy tea.
Sigana bakal loba kecap anu bakal ilang teh, tapi sabalikna ti eta bakal aya kecap sejen anu mucunghul sok sanajan bisa bae dicokotna tina basa sejen pikeun ngigelan jaman
Kahareup mah dina mangsa nu bakal datang sigana kecap model kitu ngan ukur aya dina kamus.
 
MSasmita
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke