Leres Teh Iva, mode sareng pergaulan urang dieu mah seueur nu nurutan urang bule. Nu namina rambut mah leuh... sajabi ti pulasna warna-warni, modelna ge araraneh. Rarasaan abdi mah mun pareng ka salon, asa can mendak model nu lumrah:D Teh Iva uninga ka Dragon Ball? Tah, di dieu mah balatak budak pameget nu model rambutna rarancung siga landak teh. Nu ngahaja mulas rambut ge warnana teh tara kapalang, aya nu hejo, nu oranye, nu bungur, tos puguh ari nu pirang sareng coklat mah. Nini-nini ge pulas rambutna mah tara eleh ku budak rumaja. Seueur nini-nini nu rambutna dipulas bungur, make up kandel, ngagandong ransel... trendy lah:D
Atuh dina pergaulanna, katingalna teh meni bebas. Sok sareukseuk abdi mah mun usum panas siga ayeuna, di taman payuneun apartemen teh sok seueur nu ngadon mojok. Teu siang teu sonten... Mojok sanes ngan ukur ngobrol, tapi nya kitu tea geuning (punten) patangkeup-tangkeup ge tos lumrah sigana teh. Pernah abdi ningal nu (punten) patingcelengok di jalan. Kaleresan harita teh lampu beureum, duh...Gusti geuning dugi ka kituna eta nu ngantosan lampu hejo. Rarasaanna mah meureun dunya teh ukur nu duaan, batur mah dianggap teu aya we... Matak abdi mah asa betah teu betah di dieu teh. Sanikmat-nikmatna hirup di lembur batur, keur abdi mah tetep leuwih nikmat hirup di lembur sorangan:) Salam, Gilang ********************************************************************** --- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Jepang mah atuh sami sareng di barat dina cara pakeanana boh pergaulanana. Cenahna mah jepang teh hayang nurutan barat. Matakna teu aneh mun ningali model buuk jeung pakean urang jepang. Sok geura tingali model buuk urang jepang kalolobaana teh warna geus dirarubah ku warna warni. Kitu oge pakeanana. Sarua jeung di nagara urang, pakean jeung pergaulan pan geus loba nurutan barat. > > > Neng Iva > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

