Nepangkeun kang firman asa nembe ningal.
Tah muhun pan anu ditingali mimiti mah da dina fisikna, nya sami eta oge jeung istri. Mung cenah mah ari lalaki mah leuwih...leuwih naon nya.....leuwih ningali kana geulisna kitu meureun nya. Punten da ieu mah ceuk polling....hehehe.
Tapi leres, eta teh aya anu sakedar mung mimiti we wungkul da ari kaditu mah nya seueur oge lalaki anu contohna jiga kang firman leuwih ningali kana sejenna. Komo ceuk urang mah anu ngangken agama islam pan agamana. Atuh kadituna mah panginten dina perilakuna, leuwih kana soal jerona. Pan ahirna fisikna mah teu jadi panilaian nya.
Punten sakali deui da abdi mah mung naros we ari didieu jiga kumaha.
Tah perkawis acara eta nya tangtu wae atuh kanggo urang mah jang nanaonan. Jaba sakitu kudu ngarasakeun nyerina di operasi. Ari abdi mah ningali acara eta teh panasaran kana kapinteran jeung kamampuan jelema dina ngarobah rupa jeung awak jelema. Enya, abong ngarana jelema sok hayang anu leuwih teh. Tapi eta mah da di luar nagri, urang mah kahade tong sampe kababawa.
 
 
Neng Iva

FIRMAN RAHARJASEAK <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mairan ka neng iva ah

muhun neng upami anu mimiti ditingal mah fisikna.
da katingal atuh ....... tapi cekap mung ditingal wungkul

tapi sanes anti kanu di operasi
da memang aya anu kedah dioperasi teh

mung kesan tina acara eta mah
istri-istri teh siga anu teu "bersukur" kana rizki
da upami di tingal mah sanes istri-istri meryogikeun operasi
tapi anu teu pede wungkul

heup.

firman



________________________________

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke