Nu kagolongkeun seke seler Austronesia sumebar ti Pasifik nepi ka Madagaskar, populasi panglobana aya di Nusantara (Indonesia, Filipina, Malaysia, jeung sababaraha nagara Asteng lianna). Nepi ka kiwari mah, loba keneh nu yakin yen bangsa2 Austronesia ieu teh asal-usulna mah ti wewengkon kapuloan Taiwan & Cina darat. Tapi, loba oge nu boga sangkaan yen asal nu sabenerna mah ti wewengkon daratan Sunda (Sunda Shelf) nu kiwari geus tilem kakeueum jadi sagara Sunda nalika jaman es cair (+/- 8000 taunan ka tukang, jaman Nabi Nuh a.s.?). Tah, kusabab sesa2 kaadabanana geus tilelep di dasar sagara, bukti2 teh can kagali, da nepi ka kiwari can aya nu nalungtik dasar sagara Sunda (sagara antara Kalimantan, Sumatra, Tanjung Malaka, Jawa).
Mun di Kulon mah aya buku nu judulna "Eden in The East: the lost continent of Southeast Asia" karya Stephen Oppenheimer, sok disabit-sabit ku Kang Yan Sastranegara, nu ngadadarkeun mitos2 jeung bukti2 (saheulaanan) ngeunaan kaadaban di daratan Sunda.
Mun dipatalikeun jeung caritaan Kang Dedi kamari basa kongres di Cupumanik, nya di kalereun pulo jawa teh baheulana (samemeh caah) mah lain sagara, tapi ukur walungan badag, puseur kaadaban cai sakumaha ilaharna kaadaban bangsa2 kuna nu kapanggih jaman kiwari (kaadaban Efrat-Tigris, jsb)
jk
On 6/21/05, DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur wargi anu ahli tina bahasa sunda,
Simkuring gaduh rerencangan urang vietnam teras saparantos na ngobrol ngaler ngidul perkawis budaya sunda, saurna: yen karuhun urang vietnam (nenek moyang na) teh aya patula-patali na sareng budaya, urang sunda.
contona: dina perkawis maenkeun kata, sareng heureuy-heureuyna kitu deui someah na.
Tapi saparantos na diperhatos keun yen rerencangan simkuring eta teh..sifat, karakter, tata krama na..mirip pisan urang sunda.
Naha eta teh leureus aya sajarah na dina budaya sunda yen karuhun urang teh parantos nyebrang ka daratan vietnam ? hatur nuhun !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

