He...he... sesah ngabentenkeun teh panginten pedah namina rada teu
lumrah:) Saur Kang Runa mah unik cenah...:D
Tapi sok sanaos kitu, Alhamdulillah abdi mah reueus bin pede gaduh
nami kitu teh. Da saur pun biang sareng pun bapa nami teh ngandung
hartos. 

Muhun Kang Ridwan, pami sareng urang luar nagreg mah abdi ge tara
teuing nganggo sesebatan gender (Kang, Teh, Bapa, Ibu). Iwal ti sareng
urang Jepun, sok nganggo "san". Tapi ketang da "san" mah tiasa
digunakeun kanggo istri sareng pameget, sami wae.
Mung duka atuh nya pami di lembur mah asa sok kararagok pami teu
nganggo nu kitu teh, sok sieun disebat culangung:D
Padahal abdi sorangan langkung srek pami disebat Gilang, wios teu
kedah nganggo embel2 Teh/Teteh oge. Ngan sigana pami teu nganggo
embel2 Teh, bakal langkung seueur nu kabelejog, nginten abdi pameget:D

Baktos,
Gilang
http://www.senandungbunda.4t.com


--- In [email protected], Ridwan Kurniawan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jadi ku lucu ngabandunganananya...
> 
> Padahal nu gaduh nami teh urang Sunda pituin ( LUL), naha sok hese
> ngabedakeun mana
> lalaki mana awewe.
> Pangalaman kieu teh sering kalakonan mun simkuring nuju korespondensi
> ( basa sundana naon ?) sareng urang luar nagreg.. komo upami urang
> cina mah.. emh lieur...
> Matakna sok tara ditambahan kecap gender upami nyebat nami teh,
bilih  salah.
> Punteen ah......
> 
> Salam





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke