Subjekna tos digentos nya. Punten ah ngalangkungan patarosan Kang Dur sareng nambihan we sakedik. Upami anu ku abdi didangukeun dina warta mah memang henteu sadayana anu kararitu, anu karumpul kebo tea (punten nya da tos umumna disebatna kitu "kumpul kebo"). Sigana sabagean aya anu tos nikah heula nyaeta Nikah Agama sakumaha pamendak Kang Dur, aya oge sabagean anu langsung ngahiji sakumaha anu sapamendak Kang Yudi. Panyebabna mah cenah da seuseurna sami nyaeta teu aya biaya kanggo nikahna tea.
Mangga upami aya baraya anu langkung uninga dihaturanan.
 
 
Neng Iva

Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres Kang, hapunten teu tiasa masihan warta pastina. Kapungkurna pas
ngawitan teh arenjeunna mung wawar ka tatangga2 na yen manehna hirup
jeung si A kitu, teras diangken istri. Upami henteu lepat aranjeunna
teh diijabkabulkeu deui. Janten sanes ku alatan henteu ka KUA wungkul.
Duka upami aya baraya nu gaduh referensi nu langkung percis(akurat)...

Kanggo Kang Miih upami teu resep istilah kumpul kebo, kumaha
upami "domestic relationship" atuh Kang? Patarosan Kang Miih perkawis
istilah ieu siga heureuy, tapi saleresna mah jero pisan. Tiasa
ngoyagkeun naon2 (baca: "sistem nilai") nu "biasa diyakini" ku urang 
sadidinten ...

Baktos
y


--- In [email protected], durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> teu acan ka KUA lain artina can nikah, sanes? Bisa jadi tos nikah,
> syah sacara agama, tapi secara tertib administrasi pamarentahan teu
acan syah karena teu acan di daftarkeun ka KUA. Nikah nu samodel
kituteh di desa sim kuringmah istilahna NIKAH AGAMA.
>
> (ngahaja subjekna teu diganti najan topikna geus kamana mendi.
ngabiasakeun jeung kabiasaan di milist US)




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke