Nambihan deui:
Di toko buku (Gramedia) tos kaluar edisi anyar Buku ngeunaan daftar2 bahan bangunan, harga katut daftar toko2 material/distributorna. Pangalaman sim kuring buku eta guna pisan jeung relatif akurat utamana dina harga2na.
 
salam
JP

Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan:
1. Sewa mesin molen sadinten lengkep buruh & solar 170.000, lewat tabuh 5, 10.000 per jam.
Sewa molen mobil (mix) 1.700.000 - 2.000.000 sadinten dugi ka tabuh 5.
Vibrator 100.000,- sadinten, Cairan pengeras 35.000 - 50.000 kumaha merk tiap sakali ngamolen/nyampur.
 
2. Beusi kumaha ukuranana, 16 atanapi 13, 11 asli atanapi banci, oge tingali merekna KS, SS atanapi nu sanesna. Oge beda harga beusi ulir atawa polos.
 
3. Kai nu diperyogikeun kumaha cara ngabetona, pami ngangge mobil mix kedah seueur kangge nahan beton. Tiasa oge sewa beusi panahan, hargana awis pisan... Papan triplek, harga kumaha kandelna, oge perlu pelastik keur dadasar. Kai/papan tilas/urut aya dijual di pejompongan, caket seafood market.
 
4. Tukang mah kumaha carana, ngaborong atanapi dintenan. Biasana mun ngecor nyuhunkeun ekstra dahareun, inumeun (extra joss plus bir!).
 
5. Semen? Kumaha pesena, satreuk 160 zak harga ka konsumen langkung awis 3.000 per zak batan ka toko material. Tiasa oge pesen semen cair, satengki hargana sami sabanding jeung 160 zak.
 
Ngeunaan harga mah nya taros ka tukang/toko material, pinter-pinter we nyuhunkeun diskon.
 
salam
JP

KUSMAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang, nu atos-atos mah kirang langkung
antawis Rp600.000 dugi ka Rp 1.000.000
gumantung kana kualitas bahan. Margi
ayeuna pangaos beusi nuju awis...
Rerencangan mah (kang asep) kamari teh
nganggo ready mix, 1 m3 tehRp 300.000
teu acan beton sareng kai na sareng ongkos
tukang. Upami kandelna 20 cm sa m3 teh
mahi keur 5 m2.  mugi tiasa kaanggo.
 
ks
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Eko Ruska Nugraha
Sent: Wednesday, June 22, 2005 12:43 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] ngecor imah

Wilujeng siang baraya sadayana,
Ieu mah mamanawian aya nu terang atanapi anu kantos ngecor imah cenah
mah bisa dikira-kira pi biayayaeun nana lamun urang rek ngecor imah.

Mangga diantos kanu terang rumus ngecor imah, jadi lamun rek ngecor
imah ukuran sakitu.....kira-kira biayana jang materialna jeung
tukangna sabaraheun, ieu mah jang kira-kira wungkul ari rencana mah
geus aya, ngan sieun teu cukup duitna he he.......

Hatur nuhun sateuacana,
@ERN


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke