|
Tah upami kitu mah Urang sunda kudu "ngamuk" ka
Sutiyoso, kunanon margina ?, panginten sacara ekonomi tiasa majeng (?) di eta
wewengkon, mung rek dikamanakeun budaya sunda ?, bekasi nu masih keneh lebet ka
jabar oge, geus bade ngaleungitkeun kurikulum basa sunda, kumaha mun rek
ngagabung ka DKI ?
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 22, 2005 3:37
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor
Raya
Dina koran kamari asana mah, Sutiyoso ngedalkeun keretegna, yen
cenah geus wancina Jadebotabek teh aya dina hiji manajemen. Mun togmol tea
mah, teu salah mun Sutiyoso boga kahayang sangkan eta wewengkon nu kasebut teh
ngagabung ka DKI. Bawirasa, teu salah teuing kekecapan Sutiyoso teh, yen
memang wewengkon jadebotabek teh kudu silih rojong sangkan jadi wewengkon nu
sacara komprehensif dikokolakeun kalawan bener. Tapi, mun nilikan nu nggeus2,
kuduna mah lain teuing mikiran hayang ngalegaan wilayah. DKI kiwari harak
teuing, sagala hayang kacangking, sadaya hayang kabanda. Ti puseur
pamarentahan republik nepi ka urusan palabuan, bisnis, jeung sajabana hayang
lengkep aya di DKI. Nya puguh bae atuh, ari Jakarta teh nu sakitu2na, hayoh
bae dieusian ku rupa2, beuki pepek beuki padet, ari pangeusina teu
dipikiran... Nya atuh da kadeseh ku pangwangunan pakantoran &
pamarentahan, paimahan mah kapaksa kudu nyarisi. Mun hayang di wewengkon kota,
da lain udageun jalma biasa atuh. Mangkaning migrasi ka DKI taya
eureunna. Ah, ngacaprak, permios....
On 6/22/05, Gunawan
Yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Upami ditingal dina potensi mah aya pibahanneun
janten propinsi pangmajengna di Indonesia, benten sareng Banten nu misah ti
Jabar lantaran etnik, jrrd. Kuring sanajan urang Bogor teu nyatujuan hal
ieu, kumargi ditilik tina pangalaman propinsi Banten, kaleresan Sim Kuring
linggih di Serang, Banten, lain tambah maju, korupsi we ti mana-mana,
malihan mah Gubernur Banten tos janten tersangkana, teu acan ribut rebutan
jatah APBD, nepi ka Tangerang rek misahkeun ti Banten lantaran dibere APBD
pangsaeutikna, tah balik deui ka Propinsi Bogor, ceuk kuring mah hal ieu
urang lenyepaneun heula, kunaon margina ?, apa Pemprov Jabar teu bener
ngajalankeun roda pamarentahanna, da ayeuna mah tong boroning Jabar, dalah
Bandung oge nu janten ibukotana, kota-na amburadul, puguh macet dimana-mana
?, pangwangunan dimana-mana tapi pangangguran oge loba, kadua nilik tina
etnis sunda loba nu mawa karep sorangan, puguh lamun kakara di Jakarta
sabulan oge, geus ngomong batawi bae, pangalaman kamari keur pemilihan
persiden, aya calon ti urang sunda, eta komentarna ti urang sunda nyalira
rupa-rupa ti nyebutkeun sukuisme, neluh sorangan, nepi ka mamawa dalil
qur'an jeung hadits nu sakabehna teu satuju urang sunda jadi persiden,
ninggang SBY kapilih, lajeng dina kabinet urang sunda teu kapilih kakara wae
ribut, padahal mah urang sunda teh potensi pemilihna panggedena di
Indonesia, kuring oge salerena mah teu satuju make ngaran propinsi jawa
barat, lantaran sacara geografi oge nyalahan, kuduna mah banten nu disebut
jawa barat teh, komo deui di jawa barat mah pendudukna urang sunda, sanes
jawa, rek ngagentos nami propinsi jadi "tatar sunda" pan urang cirebon
parotes, da maranehna mah teu ngarasa jadi urang sunda, padahal jawa oge
mboten, nu pang dipikasieun propinsi bogor raya ieu nyaeta bilih identitas
sunda-na ical, kumargi ayeuna di bogor nyalira urang sunda tos seueur nu
ninggalkeun
budayana...........
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|